Hampura Mang J teu ngajak harita teh, lain nanaon da ngadadak ras jig pedah eta cek Agung hayu urang nagliwet di lembur. Kabeneran budak pere keneh, sakalian ngajak kang Atep pedah keur di Kliningan, nya ngemprid we ka Cijambu, itung-itung piknik tea. Enya sabenerna mah hayang pisan ka Banjar teh, bari aya longokeun di Kang AIS di pakidulan, majarkeun aya nu sok nyieun bedog masih tradisional keneh. Ngan meureun ka Banjar mah teu bisa ukur sapoe sahenteuna kudu peuting. Hampura we euy ka Kang Mamat Rachmat lain teu inget, sigana mah kudu dirarancang ti anggalna keneh, ambih boga bekel jeung sapuratina.
Sakalian posting ieu mah, apan kuring teh keur tatahar nulis perkara bedog, parabot atawa pakarang tina beusi, ari nu maher nyieun sarupaning parabot tina beusi sok disebut panday. Dina carita buhun Ciung Wanara (meureun ieu teh kaasup folklore nu aya pakaitna jeung mitos), aya kasabit-sabit panday domas. Jaman buhun panday (cek urang Sunda), empu (cek Jawa), boga kalungguhan nu dimulyakeun (kabaca dina History of Java, Raffles). Aya nu nyebut panday domas, aya nu nyebut panday kawasa, eta keneh eta keneh. Tah didieu nu rek ditepikeun teh hartina domas, dina Kamus Jonathan Rigg domas teh hartina dalapan ratus, domas wancahan tina dua-mas (dwa mas), aya kecap samas dibaca sa-mas, ari mas hartina opat ratus. Dina KUBS LBSS, dina Kamus Satjadibrata, Kamus Hardjadibrata, Kamus Danadibrata sarua nyebutkeun hartina domas teh dalapan ratus, ngan henteu nyebut kecap samas. Kumaha hartina lamun dina Arca Domas, Salaka Domas, Kawah Domas naha sarua hartina dalapan ratus, tah dina ieu mah teu kakobet, ngan kuring boga anggapan, sarupaning nu loba, nu gede, nu luhung, bisa disebut domas. Domas cenah mah basa Sunda arkaik, basa Sunda nu geus teu dipake deui, buhun. Dina History of Java, disebutkeun 800 panday, dina Wawacan Sajarah Galuh Edi S Ekajati disebut dalapan puluh panday, dina Sajarah Jawa Barat Yoseph Iskandar 799 (panday domas kurang hiji). Hal panday domas kungsi ditalungtik ku Adrian Linder, etnograph, ngan pamustunganana Linder siga nu serah bongkokan, teu manggih cenah. Dina sejarah, Majapahit teu kungsi ngajajah Sunda, padahal nampeu, alesanana bisa lantaran dianggap dulur atawa pedah kuat, kuat hartina dina widang pertahanan (militer), ari kuat dina pertahanan tangtu kuat senjatana, senjata dijieun ku panday. Matakna teu aneh kalungguhan panday kacida dihormatna, eta mangsa bihari. Mangsa kiwari panday mindeng disebut tukang, malah disebut pengrajin. didieu aya pergeseran kedudukan sosial.Parabot beunang nyieun panday sok disebut karya kriya, karya nu boga ajen estetis tapi teu leupas tina fungsi ( digunakeun dina kahirupan sapopoe). Tah ngiserna kalungguhan panday ieu nu keur rada dikotektak, nu karasa hese teh eta pedah dina jero-jerona hate para pengarajin panday teh bet aya keneh cumantel ka panday domas, sok sanajan teu togmol nyebutkeun panday domas. Nu kitu teh utamana mah nu ngarasa boga turunan ti luluhurna, siga turunan Aki Padma di Ciwidey. Tah baraya, bilih ieu mah, bilih gaduh kenalan atanapi saderek nu janten panday, manawi aya cariosna kumaha luluhurna naha aya keneh cumantel ka panday domas atanapi ka panday kawasa. Htur nuhun. MSas ----- Original Message ----- From: mangjamal To: [email protected] Sent: Tuesday, January 06, 2009 1:18 PM Subject: [Urang Sunda] Re: Ulin ka Cijambu Sumedang >Tandang Euy! Nuhun Ua laporanana. wios teu ngajak oge, da kamari teh ngawitan deui abdi ngulampreng ka pangulinan. hehe. YP ayeuna aya dana 5jutaan. donatur matuh duaan, ua Djatnika Puradinata di jakarta sareng kang Dhani Drajat di Riau (duka dimana ayeuna, baheula ma di caltex, caltex ayeuna ganti chevron)transfer otomatis ka rek bank. nu oge rajin, nuhun pisan, apih Siddik di Seoul Korea. tah kumargi kitu, ka urang Sumedang nu masih keneh tandang nyandang kahayang, mangga terasna mah dieuyeuban tah pabukon Cijambu teh. YP mah, kumargi danana heureut keneh -si uingna salah pacabakan, ngadon jadi dosen, kuduna jadi pangusaha- ngan nembe tiasa janten trigger atawa nu munggaran muka atawa ngirim buku. kanu bade, tiasa langsung, boh buku2na atanapi atahna, ka Agung Yulianto, ngangge alamat majalah basa Sunda Cupumanik, nu rohangan nu legana mah, Perpustakaan Pusat Studi Sunda, Jl. Taman Kliningan II no 5 Bandung. Hpna, 081320933433 ka urang Sumedang, sok atuh Tandang! kitu deui pabukaon sanes nu peryogi tambihan buku, di salah segenep tempat di Garut aya nu peryogi tambahan oge, kaleresan seksi ingkigna aya, kang Irpan Rispandi. nya YP oge ngeureuyeuh meseran buku kintunkeuneun. ----- Original Message ----- From: mamat To: [email protected] Sent: Tuesday, January 06, 2009 2:37 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Ulin ka Cijambu Sumedang Uing mah rada sirik ka si Ua...... Ari ka Sumedang dilongok.... Ari ka Pabukon di Banjar acan...... Rek iraha Ua atuh aya waktos bade ka Banjar.... Sakantenan Kang Bowo oge bade ka Banjar cenah...... Hayu lah... keun walungan Citanduy mah bade dikosongkeun ulah aya anu make, Bisi Ua hayang ngojay....... Lah ari jengkol-jengkol kitu mah aya lah... Rek Jengkol, peuteuy, daun cikur jeung dage-na, angeun turubuk, etamah deungeun sangu standard...heug apal aya lah... Nuhun, diantos.. NB : Ka Ua Aang bilih bade ngring, sakantenan ngalongok ....he..he..he.. Wass : Mamat Rachmat .

