Enya Ua sas, ka Banjar mah sigana kudu direncanakeun rada serius, komo lamun 
nyeuweu kana usulan MJ mah, nguriling ka Panjalu sagala...
Soal ngererebmah gampanglah di Imah Kolot Uing wae di Banjar...
Biasana mun lebaran MJ sok lapor 'Kuring keur di Ki lanceuk Banjar'
Taun ieu mah euweuh lapor.....Teuing teu ka Banjar, teuing pohoeun 'wajib 
lapor' kanu ngageugeuh Onom...

Perkara Bedog, Uing ayeuna keur pesen Bedog di Ciwidey (?) ngan bahana rada 
aneh.. tina LAHER anu gede...
Lingkaran luarna keur bedog, lingkaran jerona keur peso, 
Da Uing ukur nitipkeun duit keur nyieuna ka babaturan Urang BI Bandung, bahanna 
oge ti manehna urut AC cenah....
Ke arek ditalungtik sing bener....

Cag Ah....

NB : Kamana Ua Aang nya ?,
       Ayeuna Ua Aang damelna BNI, (Bagean Ngasuh Incu...), sibuk meureun..

Wassalam
Mamat Rachmat Mantan Jajaka Kapaksa



  ----- Original Message ----- 
  From: MSasmita 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Wednesday, January 07, 2009 9:26 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Ulin ka Cijambu Sumedang >Tandang Euy!, NGISER 
KA PANDAY DOMAS.



  Hampura Mang J teu ngajak harita teh, lain nanaon da ngadadak ras jig pedah 
eta cek Agung hayu urang nagliwet di lembur. Kabeneran budak pere keneh, 
sakalian ngajak kang Atep pedah keur di Kliningan,  nya ngemprid we ka Cijambu, 
itung-itung piknik tea.
  Enya sabenerna mah hayang pisan ka Banjar teh, bari aya longokeun di Kang AIS 
di pakidulan, majarkeun aya nu sok nyieun bedog masih tradisional keneh. Ngan 
meureun ka Banjar mah teu bisa ukur sapoe sahenteuna kudu peuting.
  Hampura we euy ka Kang Mamat Rachmat lain teu inget, sigana mah kudu 
dirarancang ti anggalna keneh, ambih boga bekel jeung sapuratina.


   
    .
     


   *****************************************
Flexi-Gratis bicara sepanjang waktu se-Jawa Barat,
Banten dan DKI Jakarta.

Speedy-Gratis Internetan unlimited dari Pkl. 20.00
s/d 8.00 se- Jabodetabek, Banten, Karawang dan
Purwakarta
***************************************** 

*****************************************
Flexi-Gratis bicara sepanjang waktu se-Jawa Barat,
Banten dan DKI Jakarta.

Speedy-Gratis Internetan unlimited dari Pkl. 20.00
s/d 8.00 se- Jabodetabek, Banten, Karawang dan
Purwakarta
*****************************************

Kirim email ke