ari ceuk kuring mah tong waka mikir jauh-jauh, ngaran provinsi parahyangan can 
tangtu barokah. tina ngaran na  ge parahiyangan teh lain asli tina basa sunda, 
tapi tina basa sansekerta, nu artina tanah para sang hyang. jadi teu cocok 
jeung mayoritas urang jawa barat atawa Sunda nu pemeluk agama Islam. Komo deui 
ayeuna keur usum isu pemekaran wilayah, sanggeus Banten misah, Jawa Barat bakal 
pecah jadi sabaraha provindi deui mun ganti jadi parahiyangan. Nu penting 
ayeuna mah kumaha carana ngajaga keraifan lokal urang jawa barat, supados tanah 
Sunda maju tur gemah ripah repeh rapih. 

--- On Thu, 1/8/09, ua duq <[email protected]> wrote:

From: ua duq <[email protected]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Provinsi Parahiyangan, Bisa Kitu?
To: [email protected]
Date: Thursday, January 8, 2009, 5:18 PM






aduh karunya atuh ka urang basisir, da cek beja hyang mah nu ngageugeuh 
gunung... sok calik di gunung.. tara kabejakeun nyaba ka laut...


On Thu, Jan 8, 2009 at 4:30 PM, trias santosa <triassantosa@ yahoo.com> wrote:











Leres pisan, satuju mun dirobah jadi propinsi Parahianagn. Pon kitu deui 
kabutan Bandung Barat (KBB), alus pisan mun dirobah jadi kabupaten Padalarang, 
atawa kabupaten Ngamprah.
 
Trias

--- On Thu, 1/8/09, arif ramdlan <riframadlans@ yahoo.com> wrote:

From: arif ramdlan <riframadlans@ yahoo.com>
Subject: [Urang Sunda] Provinsi Parahiyangan, Bisa Kitu?
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Date: Thursday, January 8, 2009, 12:40 AM









salam
cing, ieu mah kuer ngalamun. Naha urang Sunda beut boga provinsi teh ngarana 
Jawa Barat.
CEnah eta pedag bagian ti pulau jawa lebah barat. Kumaha ari Banten? pan Jawa 
keneh.
Cigana leuwih alus lamun ngaran provinsi jawa barat teh urang ganti ku Provinsi 
Parahiyangan.
Nya, mereh mereunah jeung boga jati diri Sunda nu asli. Pan ari urang teh 
Sunda, lain suku Jawa nya.
Ah, ieu mah ngalamun susugana ya nu sapagodos jeung simkuring. 
Hayu atuh urang ubah ieu ngaran provinsi teh jadi provinsi Parahiyangan. mereh 
jentre urang teh saha...

Cag!
Salam Sunda Merdeka



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
 














      

Kirim email ke