laaahhhh jadi jalma mah tong loba teuing ningali kagorengan batur,
mending oge sering2 ngoreksi diri/intropeksi diri,
naha urang teh geus bener... bener keur diri sorangan, bener keur
kulawarga, bener keur lingkungan, bener keur nagara..

da can tangtu mun urang jadi maranehanana (PNS/PULISI),
bisa leuwih hade batan maranehanana... boa leuwih parah..!!

rek ngomean batur oge da urang mah moal bisa,
komo ngomean ngan ukur ku catur/carita mah... moal bisa pisannn..
mending urang ngomean diri sorangan heula..

kabeh oge geus katangtuan ti ALLAH... aya nu goreng aya nu hade...!!



-nzi-



> He..he..he..
> haturan kang.
>
> ari kang Dick--ceuk kang Dick sorangan-- kaasup PNS nu mana?
> PNS golongan hitam atawa golongan putih?
>
> kuring mah jalma luar, teu nyaho gawe sapopoena para PNS.
> ngan sigana geus jadi hukum sosial, "kahadean jalma dianggap hal biasa,
> tapi kagorengan jalma, eta anu disorot".
>
> Tah dina hal PNS oge sarua, PNS golongan putih mah moal disorot. Tapi
> PNS penjahat, eta anu bakal disorot. Akhirna jadi stereo type, yen PNS
> itu penjahat.
>
> kumaha ngomeanana?
> teuing atuh kang, kuring mah lain ahli Aparatur Negara.
> cikan kang Dick, aya bongbolongan teu?
> sahanteuna kang Dick, hirup sagulung sagalang jeung PNS, sapopoena
> digawe PNS, bisa sugan nga-evaluasi diri jeung babaturan, kira-kira kudu
> kumaha sangkan PNS golongan putih meunang jeung PNS golongan hitam eleh,
> geus eleh paeh.
>
> he..he..he...
>
>
>
> dicksvf wrote:
>>
>> ah kamari-kamari mah teu mairan teh da nu jadi objek-na teh oknum
>> pulisi nu buncir tea
>>
>> ngan pas maca nu ieu di handap, kuring nu statusna PNS alias dibayar
>> ku nagara jadi hayang komentar euy:
>> " ...
>> sugan atuh ari geus 'kelihatan boroknya' mah, para PNS jeung Pulisi
>> teh sadar. yen salila ieu manehna teh geus milu andil dina karuksakan
>> bangsa Endonesia. boh langsung atawa teu langsung.
>> ... "
>>
>> berarti geus aya 'mindset' (naon nya basa sunda-na?) yen dina pikiran
>> kang irpan mah, sakabeh PNS jeung PULISI teh sarua wae gorengna
>> artina, geus disabeunyeurbeaskeun meureun, eta weh tina kata2 'para
>> PNS jeung Pulisi'.
>>
>> cik kira2, aya solusi naon tah jang ngabenerkeun PNS jeung PULISI nu
>> jumlahna teh aya jutaan? kudu kalaluar kabeh kitu ti PNS-na? pan mun
>> maca pernyataan eta mah, jelas2 nu asup PNS pasti weh teu bener,
>> langsung atawa teu langsung milu ngaruksak cenah.
>>
>> *jang info hungkul: ari pagawe telkom mah lain PNS, tapi tetep meunang
>> pangsiun. da teu sakabeh nu meunang pangsiun teh pasti PNS. swasta ge
>> loba nu mere pangsiun mah, conto: unilever, astra, jrrd.
>>
>> nuhun.
>>
>> dikdik

-- 
ᮔ᮪ᮐᮤ

Kirim email ke