Al yahudu nurutkeun basa arab asalna tina kecap hadu nu artina jalma-jalma nu 
geus tobat. Sakumaha kaunggel dina Tafsir Ibnu Katsir Rahimahullah, Al Yahudu 
mangrupakeun Umat Nabi Musa 'alaihissalam anu nyokot hukum tina Taurat tapi 
geus méngpar tina ajaran Nabi Musa 'alaihissalam.  Anapon nurutkeun nasab 
katurunan, ieu golongan dinisbatkeun ka anak turunan Nabi Ya'qub 'alaihissalam.

 

Naha Yahudi = Israil ?

Israil mangrupakeun ngaran lain ti Nabi Ya'qub 'alaihissalam. Sanajan umat 
Yahudi kalolobaanana turunan Nabi Ya'qub 'alaihissalam, umat Yahudi teu boga 
hak pikeun dinisbatkeun ka Nabi Ya'qub 'alaihissalam sabab tina aqidah geus 
béda jauh antara Umat Yahudi ayeuna jeung Nabi Ya'qub 'alaihissalam. Jadi Nabi 
Ya'qub 'alaihissalam ogé Nabi Musa 'alaihissalam geus megatkeun hubungan jeung 
kaum yahudi sakumaha Nabi Isa 'alaihissalam geus megatkeun hubungan jeung kaum 
nashara. Jadi yahudi kaasup bani israil anu geus kafir, tapi teu sakabeh bani 
israil jadi yahudi, sabagian ti bani israil mangrupakeun muslim jeung sabagian 
deui jadi nashara. Teu meunang nyebut nagara nu ngakaya kaum muslim di filistin 
ku kecap Israil, sabab Israil mangrupakeun salah sahiji Nabi nu diutus ku Alloh 
Subhanahu wa ta'ala nu sifat-sifatna jauh jeung kaum yahudi.

 

Naha Nabi Musa 'alaihissalam kaasup golongan Yahudi ? Naha Yahudi kafir?

Sakumaha dicaritakeun di luhur, Yahudi mangrupakeun umat Nabi Musa 
'alaihissalam nu di la'nat ku Alloh Subhanahu wa ta'ala. Sedengkeun Nabi Musa 
'alaihissalam sorangan kaasup Muslim sakumaha kaunggel dina Surah Yunus ayat  
84. Kitu deui Nabi ti golongan Bani Israil saperti Nabi Yusuf 'alaihissalam, 
Nabi Isa 'alaihissalam, Nabi Sulaiman 'alaihissalam, Nabi Daud 'alaihissalam nu 
kaasup Muslim (Ali Imron 52, An Naml 42). Malahan Nabi Ibrahim 'alaihissalam nu 
kaasup karuhun bani Israil kaasup Islam sanajan urang Yahudi ngaku-ngaku yén 
Anjeuna kaasup golongan Yahudi (Ali Imron 67, Al baqarah 140). Kafirna umat 
Yahudi disebutkeun dina surah Al Maaidah 78, AL Bayyinah 6, jeung ayat nu 
lianna.  Dawuhan Rosululloh

"Demi dzat nu jiwa Muhammad di leungeun-Na, henteu ngadéngé ngeunaan kaula ti 
umat ieu boh Yahudi atawa Nashrani, terus manéhna paéh jeung teu iman ka naon 
anu kaula diutus iwal ti manéhna asup ka naraka." (HR Muslim). Wajib pikeun 
muslim yakin kana kafirna Umat Yahudi sakumaha dijelaskeun ku Ibnu Taimiyyah 
rohimahulloh yén singsaha anu nganggap ibadahna jalma-jalma yahudi mangrupakeun 
wujud taat ka Alloh jeung Rosul-Na tangtu manéhna geus kafir.

 

Kunaon Umat Yahudi dila'nat ku Alloh Subhanahu wa ta'ala?

1.      Syirik

Umat yahudi ngajadikeun 'Uzair salaku anak Alloh sakumaha umat nashrani 
ngajadikeun Al Masih salaku anak Alloh jeung ngajadikeun jalma-jalma 'alim di 
antara golonganana salaku pangéran anu disembah (At Taubah 30 & 31)

2.      Sombong

Tandana sombong nyaéta nolak bebeneran anu mangrupa Al Qur'an (Al Baqarah 91)

3.      Ngobah ayat-ayat Alloh Jeung nyéléwéngkeun ma'na na

Ngarobah eusi taurat nurutkeun hawa nafsuna. (Al Maidah 41). Ogé nyaléngorkeun 
ma'na na nurutkeun hawa nafsuna (An Nisa 46)

4.      Maéhan para Nabi

Umat Yahudi maéhan para Nabi anu diutus ka maranéhna (Al Baqarah 91)

5.      Ngajadikeun kuburan salaku masjid

Dawuhan Rosululloh Sholallohu 'alaihi wa sallam : "Alloh nga la'nat Yahudi 
jeung nashrani lantaran maranéhna ngajadikeun kuburan nabi-nabi maranéhna 
salaku masjid)

6.      Satia ka musuh-musuh Alloh 

Umat Yahudi wala (loyal/satia) ka jalma-jalma kafir (musyrik) (Al Ma'idah 80). 
Kitu ogé Umat Muslim haram hukumna pikeun wala' (loyal) ka jalma yahudi (Al 
Ma'idah 51)

7.      Sihir 

Umat Yahudi ngagunakeun sihir maké bantuan para syétan (Al Baqarah 101-102)

8.      Iman ka sabagian ayat Alloh jeung kufur ka sabagian nu lainna

Umat Yahudi ngan iman ka ayat-ayat Alloh nu saluyu jeung hawa nafsuna. 
Maranéhna kafir ka ayat Alloh, mun éta ayat teu saluyu jeung hawa nafsuna (Al 
Baqarah 85)

9.      Ta'ashub (fanatik nu kaleuleuwihi)

Sifat ta'ashub ieu dijelaskeun dina suah Ali Imron 73 jeung Al Baqarah 91. 
Maranéhna ngan ngaku ka kitab anu diturunkeun ka maranéhna jeung ingkar kana 
kitab anu teu diturunkeun ka maranéhna sakumaha ingkar nakanu naon geus 
diturunkeun ka Nabi Sholallohu 'alaihi wa sallam.

10.     Hiyal (Tipu muslihat)

Urang Yahudi kawentar tukang tipu. Teu ngan saukur nipu jelema tapi geus 
coba-coba nipu ka Alloh subhanahu wa ta'ala (Ali Imron 54 & 74, Al A'raf 163)

 

Mangga sadayana urang lenyepan sifat-sifat yahudi di luhur, jeung talungtik ka 
diri urang masing-masing. Inggis aya sabagian sifat-sifat di luhur anu aya dina 
diri urang anu ngabalukarkeun urang kaasup kana golongan yahudi. Dawuhan 
Rosululloh sholallohu 'alaihi wa sallam : "Singsaha anu nyarupaan hiji kaum, 
tangtu manéhna kaasup kana golongan maranéhna" (HR Ahmad jeung Abu Dawud ti 
shahabat Abdullah Ibnu Umar rodhiyallohu 'anhuma)

Disclaimer   -   This  message  including any attachments and information 
contained
herein  ("Message" ) may contain  privileged information  or otherwise is 
protected
from  disclosure. Any  unauthorized use of this  Message  by any person may 
lead to
legal consequences.  If  you  receive this   Message  in error, or if the 
recipient
of this  Message  is not the intended recipient or the employee or agent 
authorized
for delivering this  Message to the intended recipient you are hereby notified 
that
any  disclosure,  dissemination, distribution  or copying of this Message or 
let or
cause this Message to be disclosed,disseminated, distributed, or copied is 
strictly
prohibited, and please notify the sender by  return message  and immediately 
delete
this  Message  from your system.   Incoming and outgoing  communications using 
this
electronic mail may be monitored by PT Arutmin Indonesia,as permitted by 
applicable
law and regulations. Unless it is made by the authorized person,any views 
expressed
in this Message  are those of the individual sender and may not necessarily 
reflect
the views of PT Arutmin Indonesia.

Kirim email ke