Ah biasa dina sajarah mah. Pan sajarah di urang ge loba versina, 
contona kajadian G30S. Baheula diajar di sakola, nu sok maehan jeung 
telenges teh PKI. Pokona mah PKI teh "mangkeluk" pangjahat-jahatna 
sadunya. Eh ...ayeuna aya deui versi sejenna, cenah ampir 500.000 
urang PKI di jaman harita dipaehan (versi ti Amnesti INternasional 
malah leuwih ti sajuta urang). Mana nu bener? Ah nyanggakeun ka para 
ahli sajarah nu jalujur dina neangan bebeneran. Nu jelas diurang ge 
sarua, ngomongkeun versi sabalikna kajadian G30S (PKI nu jadi korban, 
dikakaya) bakal disubsersifkeun (jaman Orba) atawa diserebu massa di 
jaman ayeuna (jaman repotnasi) ....

Perkara Gereja Katholik, sigana rada kaharti oge aya pastor nu teu 
percaya aya hollucust ka Yahudi, sabab Gereja Katholik salila perang 
Dunya II, ngabetem wae kana ieu tragedi kamanusaan. Duka pedah Vatican 
aya di Roma, padahal pan harita Italia teh baladna Jerman ....

Baktos,
WALUYA


> Kumincir Wikidisastra <kumin...@...> wrote:
> Pangangguran lalayaran di BBC, breh teh *headline *ngeunaan pendeta 
> nu teu
> percaya ayana *holocaust*. Lamun di urang mah keuna 'pasal subversi' 
> tea meureun... Naha nya?


Kirim email ke