Urang kocapkeun sisi leuwi Sipatahunan.
Raja urang keur ngawurkeun,
awurkeunana saeutik deui.
Barang deuk ngawurkeun deui,
kadeuleu ku inyana.
sisi leuwi sabrang wetan,
dina ruhur tangkal jati,
aya nu keur ngintip .....
Ceuk Raja:
"E-eh, aya manusa!"
Gorobas,
gubrag!
gorolong jiga kadu murag asak,
reg, eureun hareupeun Raja.
Rorowesan jiga peusing!
Ceuk nu jiga peusing:
"Lain Gusti, lain!
Ieu mah si Lengser, nun!
Mantas miceun bunteulan!"

Ceuk Raja:
"Ngaing geus nyaho dia lain manusa!
Dia teh si Lengser
Tapi tu tuh
Di sabrang wetan aya nu ngintip.
Urang jieun lutung bae kituh!"

Ceuk Si Lengser:
"Ulah, Gusti, ulah!
Sabab lutung mah aya kokodna!
Inyana tangtu geus neuleu,
engke dimana urang geus euweuh,
tangtu inyana uyup-ayap,
ngemukeun di ieu leuwi.
Keun kumaha kula bae
Gusti mah geura ka tonggoh.
Tuh musuh geus nanyakeun Gusti!"

Laju si Lengser nyokot popongkol howe,
gedena sagede cangkeng banteng!
Laju dipalengpengkeun!
Keuna kanu ngintip,
palebah beungeut inyana pisan!
Beletak!
Gayabag!
Nu dipalengepeng salin rupa
Inyana jadi: Kalong

Tah eta sabab-sababna.
Mantak nepi ka kiwari,
Kalong teh jeding bangusna!

Ceuk si Lengser:
"Bongan sorangan,
neuleukeun lain deuleueun sia!
Tapi najan geus kadeuleu,
sungut sia moal bisa nyarita,
kokod sia moal bisa nyokot!
Ayeuna sia jadi kalong,
tetep enggon sia dina tangkal!
Engke,
di mangsa nu bakal kasorang,
sia bisa jadi jalema deui.
Tapi engke!
Amun ieu nagara jadi sampalan
Sisi Leuwi ngadeg lembur.
Wetaneun kandang kebo bule.
Tah di eta lembur,
sia bakal ngarunjakeun deui turunan.
Tapi tingkah laku inyana,
hanteu beda tina kalong!
Malah engke deui,
bakal aya turunan sia,
nu ngaranna oge:
Si Kalong!
Laku lampah inyana
Hanteu beda tina kalong!

(Tah eta sabab-sababna nepi ka kiwari di kebon gede
deukeut istana di Bogor, loba kalong)

Urang tunda deui!
Urang kocapkeun Raja urang!
Inyana unggah ka tonggoh.
Laju nyabrang,
der perang!
Rosa Jasa!
Leuwih Rosa tinu ti heula!
Raja urang perang ngaganda!
Inyana dihurup ku:
Kai Cakra
Kai Jaya
Kai Asep
Kai Tubagus
Jeung dua bengkong:
Uwan Mahmud,
Uwan Bakar!

Tapi Raja Sunda hanteu keder,
beuki loba nu ngahurup,
meuni rosa perangna Raja urang!
Datang ka eta genep jawara kulon,
perangna enggeh-enggehan!
Ting gurilap kolepat pedang,
ting jaleger sora tampiling,
ting galugur sora paneunggeul!
Matak torek,
ngadenge sora nu ngareuhak!

Tunda heula!
Keun sina perang bari ngareuhak!

[Lajengkeuneun]

Kirim email ke