Urang kocapkeun Ki Santang deui!
Kadeuleu ti awang-awang
palebah Leuwi Sipatahunan
Loba jasa jelema keur saling ganden!
Ceuk pikir Ki Santang:
"Boa-boa!
jeung kadeuleuna
jiga lain somah ngaing kabeh!"

Gajleng!
Ki Santang luncat tina mega,
megana mani semplak sabeulah!
Sesemplekan mega nu beulah
Murag!
Ragragna malang,
nyampay dina lamping
sakalereun Gunung Gede.
Engkena
Dihandapeun ngadeg hiji lembur
nu kiwari disebutna
MEGA MENDUNG!

Lajukeun urang Ki Santang!
Jrut inyana turun!
Jlig inyana nepi!
Jung Inyana nangtung,
kadeuleu aya numpukan,
ngagunuk cara picung buruk!

Ceuk Ki Santang bari tulak cangkeng:
"Nahaeun yeuh?!"

Ceuk nu ngagunuk:
"Nu areleh perang!"

Ceuk Ki Santang:
"Urang mana?"

Ceuk nu ngagunuk:
"Urang Pajajaran!"

Ceuk ki Santang:
"Eleh ku saha?"

Ceuk nu ngagunuk:
"Ku urang Banten!"

Ceuk Ki Santang:
"Kumaha make areleh?"

Ceuk nu ngagunuk:
"Lalicik sih!
kaci make ngegel ceuli,
nyolok mata jeung nyingkabkeun samping!"

Ceuk ki Santang:
"Lain licik!
Eta teh aturan perang nu anyar!
Tapi kumaha sabab perang?"

Ceuk nu ngagunuk:
"Ngabelaan Raja!"

Ceuk Ki Santang
"Dimana Raja?"

Ceuk nu ngagunuk:
"Tuh didasar leuwi!
Keur dihurup ku opat urang!"

Ki Santang teu loba deui catur
laju inyana tuturubun
Ngajubar!
Lep!
Inyana teuleum!
Tapi kusabab caina kiruh,
teu kadeuleu
Mana Bapa, mana musuh!

Ceuk Ki Santang:
"E-eh!
Mun neunggeul bari teu neuleu,
bisa salah anu keuna!
Leuwih hade,
ieu leuwi hade ngaing bedahkeun!
Nya der dibedahkeun!
Ka hilir Ciliwung guntur!
Ka girang Ciliwung surut!
Kocapkeun anu garelut!
Hanteu areungeuh
Sipatahunan mingkin saat!
Barang beak cai kiruhna,
kadeuleu ku Ki Santang
Raja eudeuk diporeatkeun!
Teu antaparah!
Saebur raja direbut!
Lung!
Dikadaratkeun!
Anu karebut musuhna,
karuhan bae ambek jasa!
Kadeuleu ku ariyana
aya musuh anyar!

Laju pating surungkuy
Ting garebay
ngarajol bari raranggeum
eudeuk nyekek beuheung ki Santang!
Ki Santang mah ngeunah seuri!
Laju leuwi dikubek deui,
kiruhna kiruh jasa.
Datang
ka euweuh nu bisa kadeuleu!

Ki Santang mah,
inyana laju ngadapang
malang dina pamontengan!
Inyana ditubruk ku opat patih Banten
Tapi Ki Santang
ngejat bari ngagakgak!

Pamontengan laju bedah,
nyeot buburialan!
Atuh kaceot
opat patih Banten!
Hulu inyana ngadalagor batu,
mani remuk ka batu-batuna!
Awak inyana naleunggar cadas,
mani rarungkad gawir-gawirna!
Nya marooooodar!
Laju paralid
Laju engkena nyarangsang!

Anu saurang
di lebaheun kiwari tanah Jelebud.
Anu saurang deui
di bilangan kiwari di tanah Bojong Gede
Saurang deui
Di bilangan kiwari tanah Citayem
saurang deui
di bilangan kiwari tanah Sawangan!

Tapi saha nu nyarangsangna?
Saurang geh
datang ka iraha oge
Moal aya nu nyaho!
Lantaran waktu paralidna
marake jubah nu pahili
pahili ka pangkat-pangkatna!
Ngan bae
Engkena kabejakeun
cenah mah jaradi karamat!

Tunda deui!
Keun sina jaradi Karamat!

[Lajengkeuneun]

Kirim email ke