Urang longok heula Raja urang
nu dihurup ku musuh genepan!
Perangna rosa jasa
Eta genep papatih
Ku Raja urang laju ditubruk
laju diawut-awut
diluluh digulung-gulung
dirampid jadi ngahiji
Mani pating polonyon tina jubah inyana
Ting arenyut
Jiga tetep lesot tina wadahna!
Ting aruyek sabuligir
jiga engkuk pilegeeun!

Balad Banten
waktu neuleu kabeh papatihna
deuk dipodaran ku Raja Sunda
Hanteu taregaeun.
Laju
Reok wae ngaleut
cara sireum siraranggge
ngagurumut raja urang!
Atuh mani haliwu Raja urang!
Nya harita
Opat patih Banten bisa budi
Ngan eta bengkong nu duaan
arinyana mah hanteu kaburu
sabab
kaburu modar mantare. (manten? WLY)
Tapi
marodarna
ditareunggeulan urang Banten!
saba ku haliwu-haliwuna ngagurumut
Urang Banten teh
teuteunggeulna
sateunggeul-teunggeulna bae!
Datang ka loba balad Banten
kararojor
Cigenden ku baturna keneh!

Urang caturkeun Patih Banten anu opat
Ariyana bisa budi
Laju ngorejat bari ngarawel jubah!
Tapi
Lantaran ngorejatna bari haliwu,
nya atuh ngarawel teh
sarawel-rawelna bae.
Hanteu areungeuh pahili jubah!
ku haliwu-haliwuna;
Kai Cakra hanteu eungeuh pahili jubah,
Kai Jaya hanteu eungeuh pahili jubah,
Kai Asep hanteu eungeuh pahili jubah,
Kai Tubagus hanteu eunggeuh pahili jubah!
Jaba ti pahili teh,
inyana hanteu engeuh,
make jubahna teh,
Tabalik!
Nu pikeun cokor
dipake di ruhur
Ari cokorna
diasupkeun dina beuheung jubah!
Atuh leumpangna
mani jiga nini-nini hudang ngajuru ......!
Ninggang di Kai Cakra anu begang
nu karawel teh jubah godombroh,
pakean baturna nu jangkung gede
Atuh barang dipake teh
ka ruhur leuwih sasiku,
ka handap leuwih sadeupa!
Ceuk pikir inyana:
"Bener sakti si Raja Sunda!
Ieu jubah mani kieu!
Karuhur
Teu kadeuleu langit
Kahandap
teu karasa napak!"

Nya gudubrag bae inyana labuh,
Tikudawet
Nincak jubah panjang teuin!
Ceuk pikir inyana:
"Panjang teuing!
Ngaing beubeurkeun!"
Laju jubah panjang teh
dibeubeurkeun
digulungkeun ruhureun cangkeng,
atuh tembong BURAHOLna!

Der perang deui!
perang rosa,
perang rosa jasa;
Terus perang leuwih ti rosa jasa!

Raja urang
najan gagah najan sakti,
tapi
ari diruhun digurumut mah
nya haliwu oge!
Nya kapaksa inyana mundur
kadeseh kabeulah kaler.
Datang ka palebah birit leuwi!
Tah didinya
inyana katubruk kunu ngahurup
Tapi Raja urang
Laju motah rosa jasa!
Nya lajuna mah
gujubaaaar!
Raja urang ragrag ka leuwi!
Gujubar
Kai Asep kabawa ragrag,
inyana ngarawel jubah Kai Jaya,
Kai Jaya ngarawel jubah Kai Cakra,
Kai Cakra ngarawel jubah Kai Tubagus.
Tapi
Lantaran jubah Kai Tubagus mah
dibeubeurkeun
Nya karawelna teh
BURAHOLna!

Nya gujubaaaar!
Jawara Banten anu opat
kabedol kabawa ragrag
Laju perang di dasar leuwi!
Balad Banten eureun perangna,
Balad Pajajaran eureun perangna,
lalajo nu keur perang di dasar leuwi!
Nya jadina teh
euweuh nu perang didaratan
kabeh jarajang teges
nareuleu nu galungan di dasar leuwi!
Kabeh pasedek-sedek!
Datang
euweuh nu areungeuh
Balad Pajajaran
nyarelap di balad Banten,
balad Banten
nyarelap di balad Pajajaran!

Eungeuh-eungeuh soteh
aya nu hitut!
Ceuk balad Pajajaran:
"Hitut Banten yeuh!
sejen deui peledekna!"
Ari inyana ngalieuk teh
baruk geuning lain batur sakamandoran,
tapi musuh
urang Banten!

Nya der perang deui!
Perang di daratan
perang di dasar leuwi!
Ting gulutuk sora batu,
ting sareak sora koral,
tingkiricik sora geusik!

Burial!
Burial!
Cai kiruh di dasar leuwi
umpalna neunggaran gawir!
Ngagulugur gawir nu urug,
ngaguruh tangkal nu rubuh,
tangkal jati gararede
sisi leuwi sabrang wetan
rungkad ambles kabawa palid!

Ari palidna?
Nyarangsang di birit leuwi
Tah didinya
engkena teh ngadeg hiji lembur
nu ngaranna di kiwari
Bantarjati.

Urang tunda deui,
sina jadi lembur Bantarjati!

[Lajengkeuneun]


Kirim email ke