Adeuh, kaleresan ngabahas urang Baduy nya? Sim kuring teh gaduh kapanasaran
sapertos kang kumi nu panasaran naha urang Baduy disunatan? Mesen pananya oge
ah,
1. Naha di Baduy aya sumber tulisan asli urang kanekes nu dijieun papagon?
2. Kumaha sistim pangaweruh nyieun imah atawa ngababakan nu aya di Kanekes?
Sabab kuring keur maca naskah Warugan Lemah (Naskah Sunda Kode Kropak 622)..
Kieu saliwatan mah teksna teh (pangapunten can tiasa diasongkeun sadaya, da can
tutas ongkoh):
Ini
warugan lemah. Inge(t)keun di halana, di hayuna. Na pidayeuhheun, na
pirembulleun, na piuballeun.
Lamunna
bahé ka ké(n)ca ngarana Talaga Hasa, asih wong sajagat. Panyudana
pacar pimula di pahoman.
Lamun
bahé ka tukang[ng]eun lemah, ngaran(n)a Banyu Metu. Hamo jadiyan
kanénéh. Panyudana papatong di sakay, tanem di tengah dalem. Ajina:
“Ong debi ma Aji Batara Mriwasa sohah!“
Nuhun ah pami aya nu mere bongbolongan mah, komo kaleresan aya kang ahmad jeung
Mang J mah. Nuhun
Baktos,
Adit
--- On Thu, 2/19/09, mj <[email protected]> wrote:
From: mj <[email protected]>
Subject: Re: [Urang Sunda] dianjangan baraya ti baduy
To: [email protected]
Date: Thursday, February 19, 2009, 9:40 AM
heuheu...ke urang tanya, da araya keneh di bandung. markasna sawareh di
jl. Curie, bumi tilas bupati lebak. he love namina. dina buku Sursa -nu
nulis perkara baduy taun 50an, disalin ku kang Oca terus dibukukeun- can
kakoreh kabeh.
aya oge carita sasakala ngaran baduy. nya nu popoler mah sabab mirip urang
badewi di arab cenah. tapi nu logis cek si kuring mah, ti ngaran gunung
Baduy, antara kampung Kaduketug -ibukota pamarentahan RI desa kanekes,
jeung kampung Balingbing. gunung leutik kelas pasir. handapna dipelakan
pare huma. luhurna mah dianteup hieum tatangkalan baradag.
mj
http://geocities. com/mangjamal
http://mangjamal. multiply. com
Mang J engke mun kaanjangan deui, pangnaroskeun ari maranehna disunatan
teu?
Upami peryogi mah sakantenan pangbuktoskeun, pangmarioskeun, katut potona.
heuheuheuh.. .
On Tue, Feb 17, 2009 at 2:08 PM, mj wrote:
> bieu pisan pa pa pulung jeung alona, urang ciranji baduy (luar),
> datang
> ka
> pangulinan. geus sababaraha kali. mawa barang jualeun has baduy,
> sarupaning baju, karajinan, madu, bedog, jsb. basa nganjang ka baduy, di
> imah pa pulung ciranji si kuring ngendong jeung kang wahyu.
>