Nuhun Mang J. Naskah Warugan Lemah teh kakara dikorehan di PNRI. Tarjamahanana can aya, keur dikeureuyeuh ku kuring.. Kamari teh Kang Mumu (Munawar Holil) ti UI nganjang ka PNRI.. pajar ceunah hyong maos bukuna Mang J ngeunaan arsitektur kitu.. tiasa maos dimana cenah kinten-kintenna..nuhun.
Baktos, Adit --- On Fri, 2/20/09, mj <[email protected]> wrote: From: mj <[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] dianjangan baraya ti baduy To: [email protected] Date: Friday, February 20, 2009, 8:36 AM bieu si kuring nelpon ka hpna bapa samin (bapana samin, ari ngarana mah acin, urang cikadu) keur ngideur di sukajadi. isuk jangjian hareupeun unpad dipati ukur, manehna rek jualan di acara mieling poe basa indung. jawabna: disunatan! haha ari soal sistem pangaweruh urang kanekes nyieun imah mah, puguh si kuring ge keur kakaratak neangan. heuheu. ari buku hasil panalungtikan nu ngaharib kadinya, geus aya nu dibukukeun, ku urang antropologi UI, R Cecep Eka Permana, Tata Ruang Baduy, ti tesis di UI. aya deui tesis di Fsrd ITB, poho deui judulna. aya bag-bagan imah jeung model kampung baduy jsb. oge saliwat aya dina buku jakob sumardjo, hermeunetika sunda, tafsir pantun sunda, estetika paradoks, kitu. naskah Warugan Lemah (kropak 622) tos aya terjemahananana? tina carita pa samin pa pulung oge tina literatur, katangtuan dasar mah, 1. lahan piimaheun di baduy jero, teu meunang diratakeun, rata2 ukuran imah 6x7m 2. lahan di baduy luar mah kaci diratakeun 3. nyieun imah ulah matak batur/tatangga sirik 4. istilah imah teh sabenerna inti wangunan. nu aya parako/hawu. 5. papagon sejen mah sigana make cara tradisi lisan, da cenah di baduy ngan aya dua rupa tulisan, sastra jeung naon hiji deui, poho euy. sastra mangrupa coretan tulisan dina awi asana, eusina soal waktu tatanen, hiji deui sarupaning paririmbon. dina buku saleh danasasmita & anis djatisunda, kehidupan masyarakat kanekes, justru nu dipilampah urang baduy teh cenah luyu jeung naskah sang hyang siksakandang karesian. cara tapa di mandala, tapa di nagara, jsb. malah dahar tamba lapar, dibaju tamba taranjang, sare tamba tunduh, dina SSKK aya, eta teh oge minangka ideologi hirup baduy. mj http://geocities. com/mangjamal http://mangjamal. multiply. com Adeuh, kaleresan ngabahas urang Baduy nya? Sim kuring teh gaduh kapanasaran sapertos kang kumi nu panasaran naha urang Baduy disunatan? Mesen pananya oge ah, 1. Naha di Baduy aya sumber tulisan asli urang kanekes nu dijieun papagon? 2. Kumaha sistim pangaweruh nyieun imah atawa ngababakan nu aya di Kanekes? Sabab kuring keur maca naskah Warugan Lemah (Naskah Sunda Kode Kropak 622).. Kieu saliwatan mah teksna teh (pangapunten can tiasa diasongkeun sadaya, da can tutas ongkoh): Ini warugan lemah. Inge(t)keun di halana, di hayuna. Na pidayeuhheun, na pirembulleun, na piuballeun. Lamunna bahé ka ké(n)ca ngarana Talaga Hasa, asih wong sajagat. Panyudana pacar pimula di pahoman. Lamun bahé ka tukang[ng]eun lemah, ngaran(n)a Banyu Metu. Hamo jadiyan kanénéh. Panyudana papatong di sakay, tanem di tengah dalem. Ajina: “Ong debi ma Aji Batara Mriwasa sohah!“ Nuhun ah pami aya nu mere bongbolongan mah, komo kaleresan aya kang ahmad jeung Mang J mah. Nuhun Baktos, Adit

