naha ngan saurang duaan anu mairan teh?
anu sejena mana nya, anu boga mobil jeung anu rek meuli mobil
kadieu, maju siah.
kuring disebut boga paham komunis? anjir ...
padahal kuring mah nepikeun ucapan pa ustad anu nyaritakeun hiji hadist,
anu eusina kurang leuwih nyebutkeun yen papada muslim teh siga satu
tubuh., hiji nyeri nu sejen nyeri.
lamun kitu mah Rosululloh teh komunis atuh he..he..he...
kade ah bisi tikosewad.
lamun boga duit gede teh lain dibikeun ka nu miskin, sabab eta mah teu
ngadidik. tapi kokolakeun sangkan mangpaat. naha berupa pinjaman tanpa
bunga dsb.
lamun kuring boga duit gede, nu kahiji nutupan heula kabutuhan
kulawarga, sandang, pangan papan anu wajar teu kaleuleuwihi. tah lamun
masih nyesa keneh tingali kulawarga anu deukeut, adi, lanceuk, sepupu,
paman, bibi, dulur sejena, saha anu tulunganeun.
lamun kulawarga jeung dulur-dulur geus hirup layak, tingali tatangga,
tatangga sa RT, sa RW, sa Desa, saha anu tulunganeun.
jeung saterusna.
coba lamun sakabeh jalma bisa kieu, ceuk rarasaan kuring mah moal
kieu-kieu teuing kaayaan bangsa urang teh.
dicksvf wrote:
can nyambung big picture jeung katerangan nu handap.
masalahna uing ge ngiridit yeuh, tilu tauneun, ngan lain portuner mobilna.
sok tambahan deui lah, ngarah kaharti
eta mah acan satai-kukueun acan atuh penjelasana teh, teu nyambung
pisan jeung pernyataan: " Goblog, tolol, bego, teu boga cedo, teu boga
uteuk, tangkurak, tulang anjing, dinosaurus, brontosaurus, hileud
peuteuy, cacing kalung, lentah darat !!!
(keur ambek ka urang indonesia anu meuli mobil he..he..he...)
ayeuna uing rek nanya: mun kang irfan boga duit 10 juta, rek dibikeun
kabeh moal tah duit teh ka si miskin nu keur menjerit tercekik harga
beras jeung minyak??
terus, mun boga duit Rp.163,485,500,- (panjer portuner), kira2, rek
dibikeun ngamodalan batur moal tah duit eta teh kabeh?
sok tingali heula ka diri sorangan, imah make keramik teu? naha make
keramik? da make tehel/pelur biasa ge bisa?
imah make kenteng atawa hateup? naha make kenteng? da pan kuk hateup
ge bisa?
tah duit jang keramik jeung kenteng pan bisa dibikeun ka si miskin tadi?
ulah asa aing leuwih merhatikeun nu miskin, tapi geus bisa naon tah ka
si miskin teh? geus bisa mere dahar unggal waktu? geus bisa mere pagawean?
kapikiran teu, mun tukang cendol jeung tukang bajigur dimodalan ku
duit Rp.163,485,500,- (panjer portuner), terus maranehna meuli roda
tambahan jang jualan, kira2 saha tah nu rek meuli bajigur jeung cendol
nu mungkin salembur pinuh ku tukang bajigur jeung cendol??
dijamin sapoe ge bangkrut.
yeuh, lamun ningali prinsip "persaudaraan seakan satu tubuh" anu
dianut ku kang irfan, uing mah asa ningali ka prinsip komunis da, kudu
kabeh sarua sangsara, kabeeh sarua bagja (padahal ngan hiji bagja mah,
anak kang kumi...)
naon deui nya? cape ah, engke weh urang tambahan, ngarah rame :-))
--- In [email protected]
<mailto:urangsunda%40yahoogroups.com>, Irpan rispandi <janaka....@...>
wrote:
>
> Ehmm...
> sabar sodara-sodara, tenang, tenang ....
> (bari ngagilirkeun perah bedog he...he..he..)
>
> kuring ningalina "the Big Picture".
> kuring ningalina keseluruhan kondisi ekonomi di Indonesia.
> termasuk interaksi semua komponen ekonomi dan aliran sumberdaya dan
uang.
> (gayanya meyakinkan teu? he..he..he..)
>
> kuring rek mere conto efek domino tina pembelian satu unit mobil :
> Si Borokok meuli mobi Toyota Fortuner anu hargana Rp. 433,700,000.
> (sumber www.oto.co.id) kumanehna eta mobil dicicil 3 taun. berarti
> salila e taun, manehna katalian hutang anu lamun dijumlah jamleh pasti
> leuwih ti 0,5 Miliar.
> dua bulan ti harita, perusahaan tempat si Borokokok gawe collaps,
> manehna keuna ku PHK. atuh manehna teu bisa mayar cicilan mobil
> fortuner Rp. 12,404,800,- / bulan.
> salian ti eta, duit panjer mobil anu Rp. 163,485,500,- ngalayang.
>
> padahalmah duit sakitu gedena teh lamun dipake ngamodalan tukang cendol
> jeung tukang bajigur, sabarah rodaeun bakal kamodalan.
>
> dasar si borokokok teu boga cedo.
>
> eta tina segi materil.
>
> lamun tina segi moril, beuh jelas-jelas ieu mah menyakiti hati rakyat
> miskin.
> sementara si miskin menjerit tercekik harga beras jeung minyak, si
> Borokokok enak-enakan numpak pingping bondon, eh tumpak Fortuner.
>
> dasar si Borokokok goblog.
>
> eta tina segi moril
>
> lamun tina segi spirituil, beuh dimana hati nurani? dimana kepekaan
> sosial? dimana "persaudaraan seakan satu tubuh" ? dimana ???
>
> dasar si borokokok ......
>
>
> Kamal Idris wrote:
> >
> > Irpan... rarasaan dewek meuli mobil lain menang ngajual imah maneh
> > atawa nipu batur atawa korupsi, da lain pejabat dewek mah.
> > cik atuh samemeh posting di pikir heula atuh ari rumasa boga uteuk
mah.
> > urang kusnet oge loba anu anyar meuli mobil atawa anyar ganti mobil
> > emang na maranehna garoblog kabeh kitu...?
> >
> > anon dasarna maneh nyebut kieu .
> >
> > " Goblog, tolol, bego, teu boga cedo, teu boga uteuk, tangkurak,
tulang
> > anjing, dinosaurus, brontosaurus, hileud peuteuy, cacing kalung,
lentah
> > darat !!!
> > (keur ambek ka urang indonesia anu meuli mobil he..he..he...)
> > arek ngajak diskusi mah lain kieu carana euy...
> >
--
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!