Punten Pan euy.!

Rek ngabejaan, kawasna kang Dick2 mah enggeus luak-lieuk kitu kabatur
teh..katukang ,kagigir,ka hareup mah komo.

Uing mah MUJI jeung WANI tah ngajadikeun kang DICK2 PICONTOEUN urang
sarerea.

 

Sok Irpan geus nyieun naon wae jang tatangga salembur?

Kang dick2 mah geus bukti boga yayasan social kulawarga anu teu dibantu
tiditu tidieu..ngan ukur ngandelkeun keuangan kulawarga wungkul..

Manehna nyeieun sakola GRATIS keur anak YATIM PIATU,MISKIN jeung panti JOMPO
di daerah Wanayasa, aran Yayasanana YAYASAN YAKALIMU..!

Kabeh TANPA BIAYA ALIAS GRATISS DEULEU!!!

Da' mentaan ka kabatur mah saha nu rek mere dalah proposalna ku uing
dialungkeun ka KUSnet oge euweuh 1-1 acan nu mairan komo anu maksud nyumbang
mah..!

Keun wae da' KUSnet ge' geus boga Yayasan Perceka jang mayungan urusan
SOSIAL nu sarupa mah..!

 

Sgala oge kumaha kabutuhan, Kang Dick2 mah geus meujeuhna butuh mobil jang
Operasional ..bari jeung eta oge masih nyicil alias kridit nya meujeuhna we
atuh..

Malah ka kantor mah najan boga mobil oge da' tara dipake kajeun make motor
make jas hujan lamun hujan oge.!

Uing ge hayang  meuli mobil,(lamun kabedag mah) aya kabutuhanana.jang
ngalancarkeun Usaha.!bari encan meulina oge da' kakara kahayang panan...

 

Ceuk uing deui masalah  rek barang bere kasasama kudu aya heula mater ina
dina hal ieu duit, lamun jalana dihalangan mah kucara ulah meuli mobil..moal
aya duitna oge atuh da' usahana kahambat meureun!

Pan Naha ari meuli mobil the dosa kitu?

Atawa urang kudu balik deui kajaman baheula make kuda atawa sapi keur
transportasi?

Jelema dibere Uteuk jang mikir pikeun kamajuan jeung ngamajukeun diri
sorangan, kulawarga,jelema sabudeutreun..terus minimal sa RT eun-sa RW-eun
nepi ka sakabeh.kumaha kahontalna kumanehna meureun.!

 

Geus ah ieu mah ateul curuk wungkul

 

Kang Dick punten jadi ngagulkeun kang Dick2..lain ngagulkeun sabenerna mah
tapi kuring asa ateul we geus ninggali tekah polah kang dick2 jeung geus
appal saha kang dick2,tah ayeuna dibejakeun ka Irpan..!

 

 

Hiji deui, Kang Dick2 teu nyebutkeun Rosululloh komunis, nu nyebutkeun
kitumah Irpan keneh bieu.!sok loba siah saksina oge gera .tulisan saha eta
baraya???!!

 

 

-ts-

 

 

 

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of Irpan rispandi
Sent: Friday, February 20, 2009 3:47 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: di luar negri mobil anyar teu payu !

 

naha ngan saurang duaan anu mairan teh?
anu sejena mana nya, anu boga mobil jeung anu rek meuli mobil
kadieu, maju siah.

kuring disebut boga paham komunis? anjir ... 
padahal kuring mah nepikeun ucapan pa ustad anu nyaritakeun hiji hadist, anu
eusina kurang leuwih nyebutkeun yen papada muslim teh siga  satu tubuh.,
hiji nyeri nu sejen nyeri.
lamun kitu mah Rosululloh teh komunis atuh he..he..he...
kade ah bisi tikosewad.

lamun boga duit gede teh lain  dibikeun ka nu miskin, sabab eta mah teu
ngadidik. tapi kokolakeun sangkan mangpaat. naha berupa pinjaman tanpa bunga
dsb.

lamun kuring boga duit gede, nu kahiji nutupan heula kabutuhan kulawarga,
sandang, pangan papan anu wajar teu kaleuleuwihi. tah lamun masih nyesa
keneh tingali kulawarga anu deukeut, adi, lanceuk, sepupu, paman, bibi,
dulur sejena, saha anu tulunganeun.

lamun kulawarga jeung dulur-dulur geus hirup layak, tingali tatangga,
tatangga sa RT, sa RW, sa Desa, saha anu tulunganeun.
jeung saterusna.

coba lamun sakabeh jalma bisa kieu, ceuk rarasaan kuring mah moal kieu-kieu
teuing kaayaan bangsa urang teh.

dicksvf wrote: 

can nyambung big picture jeung katerangan nu handap.
masalahna uing ge ngiridit yeuh, tilu tauneun, ngan lain portuner mobilna.

sok tambahan deui lah, ngarah kaharti
eta mah acan satai-kukueun acan atuh penjelasana teh, teu nyambung
pisan jeung pernyataan: " Goblog, tolol, bego, teu boga cedo, teu boga
uteuk, tangkurak, tulang anjing, dinosaurus, brontosaurus, hileud
peuteuy, cacing kalung, lentah darat !!!
(keur ambek ka urang indonesia anu meuli mobil he..he..he...)

ayeuna uing rek nanya: mun kang irfan boga duit 10 juta, rek dibikeun
kabeh moal tah duit teh ka si miskin nu keur menjerit tercekik harga
beras jeung minyak??
terus, mun boga duit Rp.163,485,500,- (panjer portuner), kira2, rek
dibikeun ngamodalan batur moal tah duit eta teh kabeh? 

sok tingali heula ka diri sorangan, imah make keramik teu? naha make
keramik? da make tehel/pelur biasa ge bisa?
imah make kenteng atawa hateup? naha make kenteng? da pan kuk hateup
ge bisa?
tah duit jang keramik jeung kenteng pan bisa dibikeun ka si miskin tadi?

ulah asa aing leuwih merhatikeun nu miskin, tapi geus bisa naon tah ka
si miskin teh? geus bisa mere dahar unggal waktu? geus bisa mere pagawean?

kapikiran teu, mun tukang cendol jeung tukang bajigur dimodalan ku
duit Rp.163,485,500,- (panjer portuner), terus maranehna meuli roda
tambahan jang jualan, kira2 saha tah nu rek meuli bajigur jeung cendol
nu mungkin salembur pinuh ku tukang bajigur jeung cendol??
dijamin sapoe ge bangkrut.

yeuh, lamun ningali prinsip "persaudaraan seakan satu tubuh" anu
dianut ku kang irfan, uing mah asa ningali ka prinsip komunis da, kudu
kabeh sarua sangsara, kabeeh sarua bagja (padahal ngan hiji bagja mah,
anak kang kumi...)

naon deui nya? cape ah, engke weh urang tambahan, ngarah rame :-))

--- In urangsu...@yahoogro <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> ups.com,
Irpan rispandi <janaka....@...> wrote:
>
> Ehmm...
> sabar sodara-sodara, tenang, tenang ....
> (bari ngagilirkeun perah bedog he...he..he..)
> 
> kuring ningalina "the Big Picture".
> kuring ningalina keseluruhan kondisi ekonomi di Indonesia.
> termasuk interaksi semua komponen ekonomi dan aliran sumberdaya dan
uang.
> (gayanya meyakinkan teu? he..he..he..)
> 
> kuring rek mere conto efek domino tina pembelian satu unit mobil :
> Si Borokok meuli mobi Toyota Fortuner anu hargana Rp. 433,700,000. 
> (sumber www.oto.co.id) kumanehna eta mobil dicicil 3 taun. berarti 
> salila e taun, manehna katalian hutang anu lamun dijumlah jamleh pasti 
> leuwih ti 0,5 Miliar.
> dua bulan ti harita, perusahaan tempat si Borokokok gawe collaps, 
> manehna keuna ku PHK. atuh manehna teu bisa mayar cicilan mobil 
> fortuner Rp. 12,404,800,- / bulan.
> salian ti eta, duit panjer mobil anu Rp. 163,485,500,- ngalayang.
> 
> padahalmah duit sakitu gedena teh lamun dipake ngamodalan tukang cendol 
> jeung tukang bajigur, sabarah rodaeun bakal kamodalan.
> 
> dasar si borokokok teu boga cedo.
> 
> eta tina segi materil.
> 
> lamun tina segi moril, beuh jelas-jelas ieu mah menyakiti hati rakyat 
> miskin.
> sementara si miskin menjerit tercekik harga beras jeung minyak, si 
> Borokokok enak-enakan numpak pingping bondon, eh tumpak Fortuner.
> 
> dasar si Borokokok goblog.
> 
> eta tina segi moril
> 
> lamun tina segi spirituil, beuh dimana hati nurani? dimana kepekaan 
> sosial? dimana "persaudaraan seakan satu tubuh" ? dimana ???
> 
> dasar si borokokok ......
> 
> 
> Kamal Idris wrote:
> >
> > Irpan... rarasaan dewek meuli mobil lain menang ngajual imah maneh
> > atawa nipu batur atawa korupsi, da lain pejabat dewek mah.
> > cik atuh samemeh posting di pikir heula atuh ari rumasa boga uteuk
mah.
> > urang kusnet oge loba anu anyar meuli mobil atawa anyar ganti mobil
> > emang na maranehna garoblog kabeh kitu...?
> > 
> > anon dasarna maneh nyebut kieu .
> > 
> > " Goblog, tolol, bego, teu boga cedo, teu boga uteuk, tangkurak,
tulang
> > anjing, dinosaurus, brontosaurus, hileud peuteuy, cacing kalung,
lentah
> > darat !!!
> > (keur ambek ka urang indonesia anu meuli mobil he..he..he...)
> > arek ngajak diskusi mah lain kieu carana euy...
> > 






-- 
Sent NOT from my BlackBerryR
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!



Kirim email ke