enyaan tulisan uing mah pilieureun nya? huahahaha... idem ditto jeung kang
ai (huahahaa) maksud kami nulis tadi teh nyaeta... tong sagawayah ngecap
manusa. da manusa mah ruparupi. sanes irpan ge hayang lin nu marake basa di
ieu milis: aya nu memenakeun, aya nu babatureun, aya nu mumusuheun :)

ngajak kana kabeneran ge da aya carana, mun ditaragal cara kieu mah
rata-rata sok kalah ka depensip. lain hasil positip nu kaala. kabeh nu aya
di ieu milis tangtu satuju jeung pamadegan maneh pan, moal aya nu nolak yen
urang indonesia teh kudu ngagedean empati, ngaraskeun kaayaan nu sejen. tapi
ari kudu nyebutan goblog jiga hileud peuteuy ka kabeh nu meuli mobil anyar
mah asa kaleuleuwihi. hal ieu sarua jeung cara nyebut kabeh jalma teh
penjahat: tukang tarok tukang bobok tukang mabok tukang ngodok tukang
nyingsatkeun anderok iwal nu islam haha.... dunya mah kompleks, teu ukur dua
warna. teu hideung jeung bodas, tapi ngabogaan gradasi nu tanwates... rugam
ragem.

haha... anggeur euy....

duq
beukingacaprukjeungjeuroanderoks

On Fri, Feb 20, 2009 at 6:05 PM, toni.sofian <[email protected]> wrote:

>    Ih saha anu nyorot? Uing mah teu mawa senter2 acan..!nyorot pake
> naon?heuheu…..ke' ku lampu mobil lamun geus boga..!ha..ha…
>
>
>
> Lain kitu uing mah, ngan didinya mah sok nyakompet daunkeun batur…dina aya
> nu teu beres dina hiji golongan,kelas, sok di beg hideungkeun kabeh..
>
> Maksud ambekna kasaha, keuheulna kasaha? Tapi kababawa kabeh…ayeuna malah
> nangtang sa KUSnet kabeh…
>
> Matakna batur nganilaina oge memang didinya tendensius pisan ka urang
> KUSnet nu baroga mobil jeung nu rek meuli mobil the yen maranehna kawas nu
> tara amal ka batur, teu merhatikeun lingkunganana,jeung duit lading meunang
> teu bener…!
>
> Nya Khusnuzon we atuh mendingan, eta bisa mareuli mobil the sesa maranehna
> nyumbang  ka pakir miskin, nya eta meuli mobil the jang nyukupan kabutuhan
> kulawargana kaasup ngalancarkeun maranehna dina neangan rejekina…!
>
>
>
> Anggger we Pan ah keukeuh lah, jawaban didinya mah teu beres wae…ngeus
> kaitu kadieu,luak-leaok ayeuna geus nangtang batur deui wae…
>
> Bisi di cegat di cibitung keh siah…!lain ari imah the di Cikarang nya?!
>
> Naha uing tara ninggali didinya liwat geningan?!
>
>
>
> -ts-
>
>
>  ------------------------------
>
> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
> Behalf Of *Irpan rispandi
> *Sent:* Friday, February 20, 2009 5:37 PM
>
> *To:* [email protected]
> *Subject:* Re: [Urang Sunda] Re: di luar negri mobil anyar teu payu !
>
>
>
> naha bet anu disorot teh kang dick jeung kuring wae?
> saolah-olah ieu teh perdebatan antara kuring anu 'mencela' niat kang dick
> anu rek meuli mobil.
> he..he..he..
> padahalmah leuwih umum, tentang cara pandang kuring kana kondisi ekonomi
> bangsa indonesia ayeuna, jeung kesedihan mendalam melihat jalma-jalma
> mareuli mobil anyar disaat krisis begini.
>
> kuring mah ngajak pasea teh lain jeung kang dick hungkul
> tapi jeung kabeh baraya kusnet.
> kadieu lamun wani mah maju kabeh.
> he..he..he..
>
>
> toni.sofian wrote:
> _,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
uaduq.co.cc

Kirim email ke