kabayang teu mun harita euweuh mobil gara2 teu jadi meuli mobil alah
batan digoblog2??
meureun ngaburusut na hotmix tah budak teh...
hahah...

punten atuh ngenta lagu dul sumbang na, acan aya nu eta mah na koleksi
uing eung...
ka d.kurnia at gmail dot com nyaaa.. nuhun ah kang emod suremod

--- In [email protected], Ahmad Toha <e...@...> wrote:
>
> Euh.....teu tulus atuh rek ngiridit Ninja 250 teh.
> 
> Gusti Alloh geus nyalametkeun nyawa Indung barudak katut orok ngaliwatan
> Mobil.
> Harita jam 3 subuh indung barudak karasa beuteung, Di imah ngan ukur
tiluan
> jeung budak nu kahiji umur 3 taun.
> Atuh kabeh diringkid kana mobil dibawa ka rumah sakit, Kaluar ti
komplek,
> jalan ditutup lantaran jalan keur dihadean (di hotmix).
> Ari ningali indung barudak pepelengkingngan mah, eta jalan dibukakeun ku
> patugasna. Teu lila di rumah sakit, brol budak gumelar di alam dunya.
> 
> 
> 
> 
> ANJING EDAN
> 
> Uka téh hése saré
> 
> Ningali babaturanana
> 
> Meuli Mersi pang anyarna
> 
> Nu hargana anjing édan
> 
> Uka téh hésé saré
> 
> Ningali babaturanana
> 
> Kuriak imah tohaga
> 
> Nu béakna anjing édan
> 
> Uka téh hésé saré
> 
> Ningali babaturanana
> 
> Maké barang-barang mahal
> 
> Nu mérekna anjing édan
> 
> Uka téh kunaon bet hésé saré
> 
> Hareudangeun hawa tina panas haté
> 
> Uka téh tété  la henteu tahan méntal
> 
> Hayang boga hanjakal teu kahontal
> 
> Uka téh jadi sirik
> 
> Lamun anjing mah ngagaik
> 
> Boro-boro milu bungah babaturan gé di pitnah
> 
> Majar téh ibu éta mah bisa meuli mobil sotéh da dikukut ku pajabat
> 
> Majar téh ibu éta mah bisa kuriak imah téh da panggilan konglomerat
> 
> Majar téh ibu éta mah barang serba mérek sotéh ngalana bari maksiat
> 
> Pantesan   ngarana katé pikir pondok méntal pendék béké siga hayam katé
> 
> DOEL  SUMBANG
> 
> 
> On Sat, Feb 21, 2009 at 5:59 AM, Tata Noers <tatano...@...> wrote:
> 
> >     Jang Irpan tong kitu, mun acan kabeuli mobil, bari hayang
mobil mah,
> > meuleum menyan sing gede, Malem jumaah anu nincak kana tanggal
tilu belas,
> > di kamar tengah peuting, tong poho tutup pantona cing rekep, da
moal teu
> > lieur geura, komo mun dipurulukan daun ganja nu garing mah. jaba
LIEUR teh
> > bakal dibawa jalan kana mobil bari diserineuan ku plisi, malah
diajak sare
> > dikantorna, bari teu sieun da bakal pada narungguan. !
> > Teu puguh nya,
> > Da kunaon kudu puguh, pan ngadongengna jeung anu keur teu puguh
pipikiran,
> > da anu puguh mah nepak laleur dina sirah batur, laleur teu beunang, nu
> > ditakol ngambek, bari malik nakol, jadi weh patakol takol.
> > Patakol takol teh lamun nepakna ku panakol, dan mun kusapu nyere mah
> > disebutna digebuk, nya peureun jadi silih gebuk.
> > Ari sakadang laleurna mah teuing enggeus kamana, da diteangan oge teu
> > kapanggih, eta oge papanggih jeung laleur, tapi sigana lain laleur nu
> > eunteup dina sirah batur, da basa dideukeutan oge manehna kalahka
ngaleos,
> > bari neumbrag kaca jandela.
> > .........................
> >
> > mangga teraskeun ah !
> >
> >
> >
>


Kirim email ke