aya deui. mun teu lepat maca, hasan mustapa, nu cenah sastrawan sunda pangbadagna, kungsi jadi guru di mekah. ngan anjeunna saterusna jadi panyadia data kanggo snouck hugronje
duq nmbh: pikiran iseng ngolebat: kabayang mun aya yutana jasad cara seh nawawi. karunya ka taneuh... untung we ukur nerap ka jalmajalma pilihan. aduh punten nuju iseng, pikiran pinuh ku steropom yeuh.... 2009/3/3 Gunawan Yusuf Miarsadireja <[email protected]> > urang Indonesia mah sok leuwih reueus produk luar batan produk dalam > nagri, ngan lamun geus diaku ku luar nagri, kakarak rame, contona angklung, > aya deui ulama indonesia anu diakui ku luar nagri malihan tos janten > pahlawan ku masyarakat Afrika Selatan, Nelson Mandela tokoh pergerakan Afsel > kenging inspirasi ti anjeuna, saha anjeuna ?, anjeuna teh Syekh Yusuf > Almakasari ti Bugis, anu janten mufti tur tokoh spiritual Sultan Ageng > tirtayasa ngalawan belanda, Syekh Yusuf dipiceun ka Afrika Selatan jalaran > walanda sieun ku pangararuh ieu ulama, walanda teu wani ngahukum pati ieu > ulama jalaran sieun ku ancaman Sultan Turki, di Afrika selatan mah tos lami > ieu ulama janten Pahlawan, ngan di Indonesia mah kakarah diangkat pahlawan > 10 taun kamari, irosnis, balik deui ka Syekh Nawawi Albantani, anjeuna > dihormati ku karajaan arab saudi nalika kuburan anjeuna dibongkar baris > ditumpuk jeung nu sanes, barang geus dibongkar mayatna tur kain kafanna utuh > teu rusak rusak acan padahal tos puluhan taun, tug ti harita nepi kiwari > makamna teu aya anu wani ngabongkar deui, tah ieu makam anjeuna di Jannatul > Ma'la Mekkah caket makam Siti khodijah, istri Nabi > > --- On *Mon, 3/2/09, waluya2006 <[email protected]>* wrote: > > From: waluya2006 <[email protected]> > Subject: [Urang Sunda] Fw: Syeikh Nawawi Al Bantani > To: [email protected] > Date: Monday, March 2, 2009, 6:27 AM > > > Umumna urang Indonesia, sok reueus lamun aya urang Indonesia boga > prestasi di luar negeri. Ngan hanjakal pisan di Dunya Islam, ampir > teu aya ulama-ulama Indonesia nu "diaku" sacara internasional. Rata- > rata urang Islam di Indonesia nu ngacu ka ulama-ulama di luar. Tapi > sabenerna mah aya ulama asal Banten nu boga reputasi diaku ku ulama- > ulama sejen di luar Indonesia, ulama ieu Sheikh Nawawi Al Bantani > asal Banten. Nyanggakeun artikelna meunang ti millis tatangga: > > Syeikh Nawawi Al Bantani > > > > > > > -- d-: dudi herlianto :-q ~nyoba ngilu ngabauan dunya~ uaduq.co.cc

