> Irpan rispandi <mr.rispa...@...> wrote:
> Urang sunda 
> ngarasa leuwih keren nginum kopi di Starbucks daripada di warung 
> kang Udung.

Kungsi nginum starbucks teh di BSM Bandung, tapi lain di cafena, ieu mah bari 
nungguan beus Primajasa nu rek mawa ka Cengkareng. Kuring nitah budak kuring nu 
nganteurkeun ti imah, meuli kopi. Budak teh neangan we nu gampang, nu 
pangdeukeutna jeung kounter Primajasa,  starbuck. Meuli nu pangmurahna. Barang 
diuyup ...geuning ngeunah Kang Irpan, beda jeung kopi nu biasa ku kuring diinum 
....hehehe

Hanjakal mahal keur ukuran kuring mah, jadi ngan sakali-kalina kuring nginum nu 
aranna starbucks teh. Aya nu rek nraktir? deudeuieun yeuh ...

Baktosna,
WALUYA

Kirim email ke