> "mangjamal" <mangja...@...> wrote: > bah, di bdg, munggaran aya starbuck di ciwalk, terus di bsm, terus > di bip. dicobaan, nu pangmurahna, american coffee (nu hideung > wungkul, teu dicampur nanaon) sarimbag jeung kopi Aroma buatan > banceuy.
Kuring mah ayeuna keur resep kopi Aroma MJ ngan nyaeta hargana mah murah, ngan ngadigdigna eta kudu ka Banceuy ....macet, matak haroream. Tapi nginum kopi pangnikmatna mah di Sumatera, di Sumatera mah loba warung kopi. Duka cara masakna mah, ngan kacirina teh sagala rupana geus harideung, boh paragi masakna atawa panyiukna. Hideung ku gegedoh kopi. Cenah eta nu nyababkeun kopi di sumatera ngeunah. Nyuguhkeunana dina cangkir make piring tepi ka mudal, ngalemereh kana piring. Kungsi protes da mani asa teu baleg pisan nyuguhan kopi tepi ka mudal kitu. Tapi aya nu ngabejaan, da didinya mah kitu kabisaanana jeung nginumna kopi nu masih panas pisan teh dicicikeun kana piring, terus disuruput, ah nikmat ..... Baktosna, WAKUYA

