haha... maksadna nu teu ngalakukeun nu positif/teu berprestasi meunang
dikasaran? haha teu kitu atuh.
cek kuring mah tong ningali nu karitupatut: hape, baju, kadaharan, liburan,
prestasi. kabeh ge ukur atribut! hargaan we kabeh salaku sasama manusa we...

haha

d

2009/3/24 Irpan rispandi <[email protected]>

>    Mindset anu kudu diwangun.
> ceuk kuring mah urang kudu ningali urang arab di abad ka 7 M.
> antara menak jeung cacah taya bedana.
> dina basa oge teu beda, euweuh lemes atawa kasar (tapi ketang kuring teu
> ngarti basa arab he.he.he. bener teu euweuh lemes kasar?)
>
> kamari mah geus we sa-kamari-eun. mimiti ti ayeuna, urang ulah ningali
> jeung ngahargaan jalma teh ku HP anu dipakena, ku restoran tempat manehna
> dahar, ku baju merekna naon, ku carita liburanna di mana, dsb.
> tapi mendingan ngahargaanna ku 'naon hal positif / prestasi' anu geus
> dilakukeun ku manehna, dsb.
>
> masalah basa, memang rada hese lamun arek langsung berubah ka basa loma.
> pasti resistensina gede. tapi hayu urang ajakan tah ka anu 'teureuh',
> turunan menak tea. ulah ngimpi wae kituh. ayeuna mah lain usum menak. ulah
> diagul-agul tah teureuh teh.
>
>
>
> A Gunawan wrote:
>
>    Irpan rispandi <mr.rispandi@ ...> wrote:
> [ieu mah malah memperkuat teori 'mindset bangsa terjajah'.]
>
> Pananyana, mindset nu kumaha nu kudu diwangun teh? Pra Kolonial, Kolonial,
> Poskolonial? Dina pra kolonial upamana nu nganggap yen Sunda kungsi
> merdeka,, panta-panta teh dipake,
> "Anak bakti di bapa, ewe bakti di laki. hulun bakti di pacandaan, sisya
> bakti di guru, wang tani bakti di wado. wado bakti di mantri, mantri bakti
> di nu nangganan. nu nangganan bakti di mangkubumi, mangkubumi bakti di ratu,
> ratu bakti di dewata, dewata bakti di hyang. (SSKK: II)"
> Kolonial mah kapan geus karuhan, katingali kumaha kaayaan bangsa Sunda
> harita, tapi teu kurang-kurang nu ku urang dianggap stereotip ideal urang
> Sunda saperti HHM dina Dangdingna, Kusumahningrat dina Tembangna, Musa dina
> Nulis Realisna, Oto dina Organisasina ngalalakon dina jaman harita.
> Tapi jujur, kuring ge sok ngarenghap jero, mun macaan surat-surat ti
> karuhun urang nu ditujulkeun ka TUAN GOUPERNEMEN tea, aya nu menta diangkat
> jadi bupati tea, aya nu hayang kapake tea, aya nu ngadoni si itu, ngadoni si
> ieu, tapi meureun kumaha? Kitu takdirna boa ceuk kang Maman tea mah.
> Mun tea mah aya poskolonial, kari ngabandingkeun meureun memeh 45 jeung
> sanggeus 45, kitu ge meureun, tapi, sanggeus pemilu 55 asana mimiti nu
> nyarepeng kalungguhan di wewengkon Sunda teh lain urang Sunda,,pami tos
> kitu, kumaha?
> Ari lalawanan dijajah teh ngajajah, mun dina mengbal ofensif, lain
> defensif. Total Footbal jiga Persib,,lets play the game ceuk Kang Oman mah.
> Ngan meureun kiwari saheulaanan pemainna loba nu kartu merah, jadi kurang
> pamaen,,rek kumaha meunang ngalawan Sriwijaya lamun nu reana ukur bobotoh,,
> lain pamaen. Ari bobotoh, rek dina mengbal rek dina ngadu hayam ge angger
> bobotoh,, moal kapilem. Nu kapilem mah pemain jeung wasit (nu siger tengah
> cek Mang Jamal mah)..
> Nu matak, basa kamari Persib eleh ku Sriwijaya, kuring ambek kapegung,,geus
> mah eleh udud sabungkus lapur, katurug-turug hayang kawin, jaba nyeri
> huntu,, haduh, hayang mites-miteskeun tah suku pemaen Sriwijaya,, ngan
> kumaha, da semet jadi bobotoh..
>
> AG
>
>

Kirim email ke