Panuju..hargaan jelema..sebagey jelema tong ningali atribut jeung kasta sosial...tah ieu baeula slogan jeung sumanget keur di Kampus. basa kerja prekatek di pausahaan BUMN ..geuningan dibedakeun kastana...Janten mun urang ngalaman dibedakeun kulantaran hal2 eta..nya sing sabar wae...eta mah pakta teu paduli bener atawa henteu dasarna...
On 3/24/09, ua duq <[email protected]> wrote: > > haha... maksadna nu teu ngalakukeun nu positif/teu berprestasi meunang > dikasaran? haha teu kitu atuh. > cek kuring mah tong ningali nu karitupatut: hape, baju, kadaharan, liburan, > prestasi. kabeh ge ukur atribut! hargaan we kabeh salaku sasama manusa we... > > haha > > d > > 2009/3/24 Irpan rispandi <[email protected]> > >> Mindset anu kudu diwangun. >> ceuk kuring mah urang kudu ningali urang arab di abad ka 7 M. >> antara menak jeung cacah taya bedana. >> dina basa oge teu beda, euweuh lemes atawa kasar (tapi ketang kuring teu >> ngarti basa arab he.he.he. bener teu euweuh lemes kasar?) >> >> kamari mah geus we sa-kamari-eun. mimiti ti ayeuna, urang ulah ningali >> jeung ngahargaan jalma teh ku HP anu dipakena, ku restoran tempat manehna >> dahar, ku baju merekna naon, ku carita liburanna di mana, dsb. >> tapi mendingan ngahargaanna ku 'naon hal positif / prestasi' anu geus >> dilakukeun ku manehna, dsb. >> >> masalah basa, memang rada hese lamun arek langsung berubah ka basa loma. >> pasti resistensina gede. tapi hayu urang ajakan tah ka anu 'teureuh', >> turunan menak tea. ulah ngimpi wae kituh. ayeuna mah lain usum menak. ulah >> diagul-agul tah teureuh teh. >> >> >> >> A Gunawan wrote: >> >> Irpan rispandi <mr.rispandi@ ...> wrote: >> [ieu mah malah memperkuat teori 'mindset bangsa terjajah'.] >> >> Pananyana, mindset nu kumaha nu kudu diwangun teh? Pra Kolonial, Kolonial, >> Poskolonial? Dina pra kolonial upamana nu nganggap yen Sunda kungsi >> merdeka,, panta-panta teh dipake, >> "Anak bakti di bapa, ewe bakti di laki. hulun bakti di pacandaan, sisya >> bakti di guru, wang tani bakti di wado. wado bakti di mantri, mantri bakti >> di nu nangganan. nu nangganan bakti di mangkubumi, mangkubumi bakti di ratu, >> ratu bakti di dewata, dewata bakti di hyang. (SSKK: II)" >> Kolonial mah kapan geus karuhan, katingali kumaha kaayaan bangsa Sunda >> harita, tapi teu kurang-kurang nu ku urang dianggap stereotip ideal urang >> Sunda saperti HHM dina Dangdingna, Kusumahningrat dina Tembangna, Musa dina >> Nulis Realisna, Oto dina Organisasina ngalalakon dina jaman harita. >> Tapi jujur, kuring ge sok ngarenghap jero, mun macaan surat-surat ti >> karuhun urang nu ditujulkeun ka TUAN GOUPERNEMEN tea, aya nu menta diangkat >> jadi bupati tea, aya nu hayang kapake tea, aya nu ngadoni si itu, ngadoni si >> ieu, tapi meureun kumaha? Kitu takdirna boa ceuk kang Maman tea mah. >> Mun tea mah aya poskolonial, kari ngabandingkeun meureun memeh 45 jeung >> sanggeus 45, kitu ge meureun, tapi, sanggeus pemilu 55 asana mimiti nu >> nyarepeng kalungguhan di wewengkon Sunda teh lain urang Sunda,,pami tos >> kitu, kumaha? >> Ari lalawanan dijajah teh ngajajah, mun dina mengbal ofensif, lain >> defensif. Total Footbal jiga Persib,,lets play the game ceuk Kang Oman mah. >> Ngan meureun kiwari saheulaanan pemainna loba nu kartu merah, jadi kurang >> pamaen,,rek kumaha meunang ngalawan Sriwijaya lamun nu reana ukur bobotoh,, >> lain pamaen. Ari bobotoh, rek dina mengbal rek dina ngadu hayam ge angger >> bobotoh,, moal kapilem. Nu kapilem mah pemain jeung wasit (nu siger tengah >> cek Mang Jamal mah).. >> Nu matak, basa kamari Persib eleh ku Sriwijaya, kuring ambek >> kapegung,,geus mah eleh udud sabungkus lapur, katurug-turug hayang kawin, >> jaba nyeri huntu,, haduh, hayang mites-miteskeun tah suku pemaen Sriwijaya,, >> ngan kumaha, da semet jadi bobotoh.. >> >> AG >> >> > >

