Ku macaan postingan batur ge sugema hate teh, obrolan perang Bubat ngagilek 
kana cikopi ge teu wudu matak rame wae, kataji ku palinterna Abah mah, pondok 
pisan ieu ge ngirim teh, pedah laptopna cenah mah virus wungkul, sugan Kang 
Irpan nulungan antina.

Irpan rispandi wrote:
> Mindset anu kudu diwangun.
> ceuk kuring mah urang kudu ningali urang arab di abad ka 7 M.
> antara menak jeung cacah taya bedana.
> dina basa oge teu beda, euweuh lemes atawa kasar (tapi ketang kuring
> teu ngarti basa arab he.he.he. bener teu euweuh lemes kasar?)
> kamari mah geus we sa-kamari-eun. mimiti ti ayeuna, urang ulah ningali
> jeung ngahargaan jalma teh ku HP anu dipakena, ku restoran tempat
> manehna dahar, ku baju merekna naon, ku carita liburanna di mana, dsb.
> tapi mendingan ngahargaanna ku 'naon hal positif / prestasi' anu geus
> dilakukeun ku manehna, dsb.
> masalah basa, memang rada hese lamun arek langsung berubah ka basa
> loma. pasti resistensina gede. tapi hayu urang ajakan tah ka anu
> 'teureuh', turunan menak tea. ulah ngimpi wae kituh. ayeuna mah lain
> usum menak. ulah diagul-agul tah teureuh teh.

Kirim email ke