Keur sawatara urang Sunda,
fifilsafatan dina harti ngahontal atawa nyingraykeun realitas teh dilakonan ku 
“ngarasa”
atawa “ngalaman” – ku “prak”.  Kukituna,
teu munasabah, mun di urang “puncak” fifilsafatan teh lain ku medalna buku
atawa ramena hiji sawala. Tapi diprakkeun! Dilakonan! Di mana disawalakeun ge
kadar gegereyeman atawa gagalindengan. Utamana, nu paling natrat, dina teologi
atawa falsafah ngeunaan Gusti. 

Kadar keur conto, tingali kumaha
Kang Engkus jeung Kang Ilen nerangkeun perkara Gusti jeung hal lianna, nu remen
dipungkas ku “teu cukup dipedar di milis”. Ieu lain bae perkara hengkerna
pangalaman atawa kaweruh basa aranjeunna, atawa watek mistis subyek nu
dilakonan atawa nu disawalakeun, tapi memang hiji cara (metode) nu dianggap
paling pas pikeun “nyaho” saha jeung kumaha realitas teh nya ku prak. Komo
ngeunaan Gusti mah, nu dianggap realitas paling Agung atawa pangluhurna – taya
lian ku “laku”, ku ngalakonan.  (Kukituna,
mun heueuh Falsafah Sunda miboga watek “bertindak” kawas kitu, kuring remen
ngawawaas: Boa-boa Manusa Sunda nu sajati teh Hambali jeung suargi Imam Samudra.
Ngan rek ngacapruk perkara ieu teh lain bae sieun dibaledogan batur. Tapi, 
sanajan
cenah Guantanamo rek dibuburak ku Obama, pangpangna mah sieun dicerek ku 
Densus!).     

Masih dina ngarumuskeun atawa
ngagambarkeun realitas ieu, deui-deui dina konteks ngeunaan Gusti, nu teu
kawadahan ku basa, bandingkeun oge jeung kasauran hiji kiai (nu ku akidah
formal atawa mainstream di urang mah bisa dianggap kaleuleuwihi, mun lain 
disebut
murtad ge -- alatan “nyapirakeun” asma’ul husna). “Gusti teh teu kawadahan
(kagambarkeun) ku sipat 20 nu diguar ku ajengan-ajengan Asy’ariah. Dalah teu
kawadahan ku asma’ul husna,” saur anjeunna. “Tidak terpermanai,” ceuk Goenawan
Mohammad mah. 

Dina konteks nu leuwih lega, di
luar perkara Gusti, sakaligus keur ngeunteung kana naon nu nyampak dina
kamekaran falsafah di Kulon, tingali oge pamanggih Wigenstein, filosof Jerman
nu dianggap salaku filosof basa nu paling nyongcolang, nu ngebrehkeun hengkerna
basa dina nganggambarkeun realitas : “Basa teh kadar taraje (parabot atawa
alat). Lain realitas”. Aplikasi atawa pamanggih nu paralel nembrak dina sahadat
atawa kredo Sutardji ngeunaan sajak-sajakna, “Mengembalikan kata pada mantra”
atawa “Ngabebaskeun basa tina pengertian-pengertian” – nu oge dilakonan jeung 
kahontal
kalawan (keur sakuringeun) leuwih sampulur ku Godi Suwarna dina sawatara
sajakna, karuhan dina sajak-sajak buhun mah. (Pikeun “neuleu nu teu kadeuleu”
ieu tingali oge hoghagna si Ambu jeung Bah Oca sawatara waktu ka tukang di
kisunda – kitu gem un kuring teu salah harti). 

Alatan kitu, falsafah di urang,
lain bae “teu mikir” atawa teu rasional jeung teu logis, tapi oge teu
sistematis (mun ditoong tina tradisi nu umum nyampak dina Falsafah Kulon). 
Ditepikeun
dina wangunan dangding, cacarekan, aforisme, atawa kirata pisan. Kituna teh, teu
arang deui-deui pinuh ku paradoks tea. Atawa teu logis pisan: “Nyumput di nu
caang”, “saeutik tapi mahi”, “neuleu nu teu kadeuleu”. Enya, mun diukur ku
rasionalitas nu sipatna logis atawa linear, malah matre pisan, pan papalimpang
antara “nyumput” jeung “di nu caang” teh? Nyumput di nu caang? Atuh lain ge
nyumput, da kaburu kanyahoan? Saeutik tapi mahi? Asa pamohalan. Logika urang
remen nyebutkeun, mun hayang mahi mah nya kudu loba. (Komo mun nenjo kaayaan
kiwari mah,  loba ge remen teu mahi.
Jajauheun kana nyesa). Jeung sajabana ti eta.

Malah, lian ti kadar
ditembrakkeun dina “aforisme-aforisme” kawas kitu, teu arang nyodorkeun
subyektivisme atawa siga nu nyingkahan obyektivitas – beh dituna siga nu
nyingkahan empirisme atawa science: “Senang mah aya dina hate 
(sewang-sewangan)”,
“Gusti nyampak na hulu jelema (nu tangtuna sewang-sewangan)”, jste. 

Tangtu bae, falsafah nu nyampak
di urang teu sakabeh miboga wanda subyektif, paradox, negatif, atawa nihilis
pisan. Pon kitu deui teu kabeh irasional – sakumaha teu sakabeh filosof Barat
rasional, obyektif, jeung …sistematis! Dalah, perkara rasional, obyektif, jeung
sistematis ieu  di Kulon sorangan paling
heunteu nyampak sawatara anomali: Nietszche, contona. Filosof Jerman nu nepi ka
kiwari loba nu mikaserab ieu kacaturkeun teu nyusun filsafatna dina hiji
wangunan esei nu sipatna sistematis. Sawatara buku Nietsztche, cenah, kadar
pinuh ku aforisme-aforisme. 

Pon kitu deui Wigenstein nu geus
disebut tadi. Rincikan pipikirannana jajauheun tina sistematis – dina harti
ngaberele, rada puguh entep seureuhna, bari 
gampang kaharti. Tapi, cenah deui bae, pajurawet abis. (Komo keur kuring
mah, nu teu ngarti Basa Jerman). Nepi ka bahasan-bahasan atawa syarah ngeunaan
falsafah Wigenstein ge, kaasup nu nyampak dina Basa Indonesia, nu logikana kudu
leuwih ngaberele jeung leuwih kaharti, sarua matak lieur kana hulu. Teu
munasabah mun aya dosen filsafat nu nyebutkeun, yen ieu filosof kaasup salah 
sahiji
“misteri dunia” – alatan rincikan pipikirannana pajurawet tadi.

Dina perkara dokumentasi jeung
distribusi falsafahna -- nulis atawa medalkeun pipikirannana – tradisi Falsafah
Kulon ge miboga anomali. Teu sakabeh filosof di Kulon nepikeun falsafahna ku
cara ditulis. Kaasup di Yunani (Klasik) sorangan. Salah sahijina, nya 
Aristoteles
(atawa Socrates kitu? Poho deui. Coba toong dina Wikipedia) nu disebat-sebat ku
Pa Ayip. Eta filosof teu nuliskeun sorangan pipikirannana. Nu ngajugrugkeun
dina wanda tinulis, nu ahirna bisa dibaca ku urang-urang kiwari, taya lian ti
muridna -- Plato. 

(Tingali oge sawatara kasus dina
khasanah intelektual Islam, di mana hiji kitab nu dinisbatkeun ka hiji ulama
teu diserat langsung ku aranjeunna. Tapi ku murid-muridna. Malah, cenah, teu
saeutik kitab nu satemenna diserat ku hiji tim nu teu jelas saha-sahana –
Ikhwan as Safa. Karuhan Hadist mah, nu jadi salah sahiji babon paelmuan Islam.
Karak dibukukeun jeung disistematisasikeun teh puluhan atawa ratusan tahun
saatos Kangjeng Nabi SAW pupus. Pan, anjeunna mah teu iasa maos-nyerat?). 

Anomali tadi lain bae nyampak di
Aristoteles (atawa Socrates?). Tapi, oge di sawatara filosof zaman
kadieunakeun. Zaman modern. Kaasup Nietzsche tadi. Ceuk hiji dosen STT Jakarta,
dina salah sahiji ceramahna, falsafah-falsafah Nietzsche disistematisasikeun, 
dibebener
basana, dibukukeun, jeung dimedalkeunna teh lain ku alpukah Nietszchena 
sorangan.
Tapi, ku lanceuk awewena, nu ngarasa watir ningali adina langlang-lingling,
aral, jeung deukeut-deukeut kana rek nemahan pati sorangan. Nya, keur ngahibur
adina eta si lanceuk hideng ngumpulkeun coretan-coretan Nietszche sakaligus
medalkeun dina wangun buku. Jisnisna sorangan mah anteng bae ngacapruk, bari
mencetan toets piano. Ieu musisi nu tikosewad jadi filosof teh leuwih waras,
leuwih sistematis jeung leuwih wani hirup, sanggeus ditanggap di Universitas
Bassel. Dititah ngacapruk, medar pipikirannana di hareupeun para mahasiswa.
Jadi dosen. Kajadian sarupa, lanceukna memener jeung medalkeun falsafah
Nietszche, ngaduakali mangsa eta filosof asup rumahsakit, alatan “gangguan
mental” alias gering atawa gelo tea  –
nepi ka maotna. (Carita ieu rada beda jeung naon nu nyampak na Wikipedia. Tapi,
keur kapentingan ieu pangacaprukan, saheulaanan urang anggap bae sarua). 



Maman Gantra

Jalan Salemba Tengah 51,

Jakarta 10440.

0812-940-5441


      

Kirim email ke