Mun tos maca tulisan
kang Maman jeung kang Oman téh, sok garéték bulu kélék. Hihi. Hapunten, ku 
sabab aya pacaduan jeung pantrangan nyarita filsapat poe libur, ditoel tina hal 
sastrana wae, najan sausap pisan, sugan malik getek.

Katiténna Pa Ajip
ngadéwakeun tulisan, téks, sarimbag jeung ide nu diasongkeun ku Muh Rustandi
Kertakusumah (Abdullah Mustapa dina Sundalana 1) yén saripatina peradaban
téh, kabudayaan, jeung saripatina kabudayaan téh kasusastraan. Ari wangun
kasusastraan nu paling nyongcolang, téks, tulisan téa. Nepi ka keur Pa Ajip 
mah, teks-teks nu teu puguh sumberna disinisan pisan, upamana sawatara babasan
jeung Paribasa anu puguh teu diaku ari teu nyampak dina tulisan mah
(Ilikan bukuna Babasan jeung Paribasa). Padahal, ceunah deui waé, ceuk Raymond
William mah kabudayaan mangrupa hal nu kajadian biasa sapopoé, nu énténg,
santéy teu salawasna ngaleunjeur dina teks.  Babasan jeung paribasa upamana, 
mangrupa kacapangan sapopoe, copelna saminggu sakali mun hotbah jum'at atawa 
mun nyerenkeun panganten sawaktu-waktu. 

Tapi mun téa mah cék kang Maman salawasna urang narékahan sangkan bisa ngahontal
réalitas, copelna (atawa rea?), Pa Ajip geus méré sumbangan “nyingraykeun 
lalangsé
ahéng” -ceuk rubrik Manglé mah-ku cara ngungkabkeun téks-téks nu nyampak. 
Hanjakalna,
meureun, téks nu nyampak kiwari ogé teu bisa atawa can karuhan bisa
dioptimalisasi ku nu ngagung-ngagungkeun téks téa. 


Upamana mun rék
balitungan, najan jeung dulur, jumlah karya sastra Sunda nu mucunghul dina 
Mangle
jeung Cupumanik leuwih réa batan nu ngabahasna (nu ngiritikna). Titénan waé,
sajak atawa carpon rumaja upamana nu midang unggal Minggu. Upama diitung-itung
mah, 48 karya dina sataun geus dihasilkeun ku para rumaja téh, bandingkeun
jeung jumlah anu ngiritikna, nu (asana) can kungsi aya. Karya-karya Sastra
Sunda loba nu katalangsara! (takdir deui waé). Ti mimiti ulikan téks naskah
Sunda Kuno (ngan 21 panalungtikan salila saabad leuwih), nepi ka karya-karya ka
béhdieunakeun saperti drama (asa can aya buku Sunda nu ngabahas husus ngeunaan 
drama). Pamustunganana, nu teu kuat neger-negerkeun maneh mah, rea palakuna nu 
aruyuhan teh parugag di Jalan. Bakating ku tarahalna. 

Teu ngabibisani,
aya éta ogé sawatara ulikan nu numpuk dina rak-rak perpustakaan jurusan Sastra
di sawatara Kampus di Bandung (sabab kampus nu mere rumus ngulik + sastra Sunda
= uyuhan), ngan ukur aya di Bandung. Jadi wayahna, kuring bangsa Naringgul, teu 
kedah terang kana
kamekaran sastra Sunda, barina ogé, pirajeunan teuing. 


Éta téh nu winangun
téks, komo deui nu wangun lisan, verbal, populis, saperti fenomena punk, ujang
béncong, ujang tato, tukang batagor, kitab konéng, jrrd. nu - nginjeum istilah 
Michael
Foucault mah sub culture téa. Nu
ditungkulan kiwari ku para Inohong fénoména nu nyampak dina kabudayaan 
stereotip, kayaning Cianjuran, Jaipong?,
Penca, karya sastra sastrawan kahot, jsté. Matak salilana tukang nyalung Darso
atawa Doel Sumbang moal kungsi meunang Hadiah Kabudayaan Rancagé, da budaya nu
rancagé mah, tembang Cianjuran, Kawih-kawih Nano. S, Mang Koko, karya Sastra nu
(dianggap juri) nyongcolang, jeun téh teuing dibaraca atawa mangaruhanana ka
urang Sunda sacara komunal mah. Padahal boa-boa, urang Sunda boga falsafah yén 
Si Kabayan urang Sunda, urang Sunda lain Si
Kabayan gara-gara kainspirasi ku lagu Doel Sumbang. 


Boa ieu téh jadi
cicirén ogé, yén filsafat Sunda teh enya ku cara prak, sabab nu ngimeutan 
kamekaran
kabudayaan Sunda (ngaliwatan téks) hésé ngedalkeunana, heurin ku létah cék
paribasana mah, semet ngabagel dina genggerong. Antukna, nya murang-maring,
gugurutu, ngadagor-dagorkeun sirah kana anggel, atawa méakeun udud (batur)
mangbungkus-bungkus. Kana ngaguar fafalsafahan nu leuwih jembar tur nyoksrok
jero tina wangun nu nyampak sapopoé di wewengkonna séwang-séwangan mah, cukup
ku lakoné baé, jiga motto hirup ABG
dina Facebook, jalani hidup apa adanya, I’am
ordinary people. Naha
mungkin filsafat Sunda téh sapat? Copélna kang Maman, agénda jeung hahalangna
mah piraku henteu jejem. Eta heula we nu mari kita kemon.
Tos ah,,beu kang Kumi, urang udud heula...



Baktos

AG



--- On Thu, 3/26/09, oman abdurahman <[email protected]> wrote:

From: oman abdurahman <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Pa Ajip jeung Mari Kita Hayu #1
To: [email protected]
Cc: [email protected], [email protected]
Date: Thursday, March 26, 2009, 10:15 AM











    
            Wah, karek maca tulisan ngaharib "makalah pembanding" make gaya 
khotbah heuheu.

Kutan kitu kang Ajip Rosidi (AR) teh kang Maman, katuhu teuing (terlalu 
"kanan")? Boa-boa anjeunna teh tos maca oge buku-buku  filsafat katimuran anu 
ayeuna loba ditoong oge ku urang Kulon. Sok sanajan sakumaha kasauran kang 
Mamang, anjeunna teu gaul kana internet, tapi da buku model filsafat isroqiyyah 
(Suhrawardi Al Maqtul) atawa "Al Hikmah Al Muta'aliyyah" ("The Ultimate 
Wisdom")-na Mulla Sadra, jeung lianna anu kontra alira jeung filsafat 
Aristoteles - cikal bakal filsafat Barat, buku hardcopyna geus lumaya neba di 
kota-kota badag di Indonesia (di p. Jawa khususna). Moal boa, 


Kang AR bisa jadi satemenna geus paham oge Kang kana filsafat-filsafat non 
peripatetik teh. Ngan, ngahaja, misina keur ngahudangkeun - leuwih pass na - 
ngaprovokasi bakat2 filosof Sunda model Kang Eddy Nugraha, sangkan ngangles 
pendapat anjeunna  atawa nulis makalah pembanding. Oge, apan Zen sorangan anu 
lahir tina Budhisme satemenna geus meh ampir nepi kana postmo, malah bisa 
disebutkeun sarimbag jeung postmo dina hal dekontruksi (hehehe, hampura mun 
salah pamahaman kuring, munasabah da sarua ngacaprukna) . Para sufi oge, nepi 
ka tahapan fana, satemenna geus ngadekonstruksi, ngabongkar tatanan anu ajeg 
dina pikiranana , tapi, beda hasilna nya :). Tah, salah sahiji hasil perenungan 
Kang AR salami di Jepang sigana eta, jurus ngahudangkeun para (calon) filosof 
Sunda ku cara sakumaha anu dikomentaran ku Kang Maman. Sugan, kitu oge.


manar




 

2009/3/26 Maman Gantra <mamangantra2000@ yahoo.com>


















    
            


He sakur Bangsa Sunda nu ariman
jeung tarakwa… 

Mangka aringet maneh sakabeh, yen
ieu pangacaprukan dijieun ku kami mangsa kami can manggihan posting Kang Eddy
Nugraha jeung sawatara komentator lianna di Kisunda, nu ngomentaran makalah 
Pangersa
Ajip Rosidi pakait jeung Falsafah Sunda. Ngahaja dialungkeun ka dieu, lian ti
nambahan naon nu disanggakeun ku Kang Eddy jeung nu lianna, sugan bae bisa
nambah lieur balarea. Sabab, nya alatan lieur eta urang bisa ngilu ngagerakkeun
ekonomi karakyatan – ku meuli  Bodrex ka
kios roko (lain ka Gubernuran atawa ka pakgade). Sukur-sukur ngilu minuhan
masigit, masrahkeun kalieur tadi ka Anjeunna. Ngan, poma, maraneh kabeh ulah
memener kalieur tadi ka One Erath One Nation di Megamendung. Lian ti bisi
dicarekan ku MUI, oge sarangeuk di jalanna: Macet.

Lian ti kitu, he sakur Bangsa
Sunda, alesan nu pangutamana ku naon kami ngalungkeun ieu pangacaprukan ka ieu
majelis taya lian ti seja nyumponan ajian mustika kami: Pupujieun atawa hayang
kapuji tea. Kukituna, mari kita hayu! Pamuga Persib jadi Juara Liga taun ieu.
Amin.

Persib atau Mati!

Ttd

Abu Riga a.k.a Maman Gantra,
Lc(d). 

============ ========= ========= ========= ==== 

Pa Ajip jeung Mari Kita Hayu

(Ngawangun Falsafah Sunda: Agenda
jeung Hahalangna)
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke