--- In [email protected], A Gunawan <rotan...@...> wrote:
> Upamana mun rék balitungan, najan jeung dulur, jumlah karya sastra Sunda nu
> mucunghul dina Mangle jeung Cupumanik leuwih réa batan nu ngabahasna (nu
> ngiritikna).
Hehehe... Kang Adit, rumasa sim kuring teu maneuh maca Cupumanik -- komo
Mangle. Sok maca teh, baheula bae, taun 70-an. Ngilu noongan nu kapilanceuk di
Liogenteng.
Salaku "jalma modern" nu hirup di "kota" (Bandung), terus terang bae, sim
kuring teu pati kataji ku sastra Sunda nu nyampak di dinya harita. Asana teh
"nyunda" pisan: Agraris jeung -- asana deui -- lolobana settingna teh
pilemburan (desa) bae. Pon novel Mercedes-na suargi Pa Rustandi, nu (cenah)
janten salah sawios bentang sastra jeung pemikiran Sunda (oge Indonesia taun
60-an) harita. Mun teu lepat, novel (carbung) Pa Rustandi eta dianggap salah
sawios "tonggak" sastra Sunda -- alatan dianggap bisa ngagambarkeun kahirupan
kelas atas pakotaan harita.
Kahalabhab sim kuring ngeunaan sastra leuwih kacumponan ku Taman Pamekar (jeung
hiji deui nu kuring keur poho ngaranna)-- lian ti Winnetou, komik HC Andersen
wedalan hiji pamedal di Ciateul, sawatara buku tarjamahan nu dimedalkeun Balai
Pustaka (boh na Basa Sunda atawa Basa Malayu) atanapi sawatara karya sastra
dina Basa Indonesia pisan.
Tapi, sim kuring teu ngabibisani: Pangalaman macaan Mangle eta gede pisan
pangaruhna kana basa Sunda kuring. Lian, tangtuna, gambaran kuring ngeunaan
pilemburan Sunda. Kaasup ngalengkepan caritaan kolot-kolot ngeunaan DI-TII.
Ku curhat ngeunaan pangalaman pribadi eta, boa-boa: Teks nu nyampak tadi teh
teu narik ati para kritikus?
Hal lianna nu oge sakuringeun hayang nyaho: Satemenna siga kumaha "pendidikan"
Kritik Sastra di sakola-sakola satra urang teh? Naha Teori-teori Kritis atanapi
"kiri" sarupaning Foucoult oge diajarkeun atanapi disabit-sabit? Atanapai...
Teater Sunda mah engke heula. Pun suan ngajakan maen kartu...
Baktos,
Pun Maman