--- In [email protected], "Maman Gantra" <mamangantra2...@...> wrote:
>
> 
> 
> Teater Sunda mah engke heula. Pun suan ngajakan maen kartu...
> 
> Baktos,
> Pun Maman
>

Urang teraskeun, Kang :

Ngeunaan sajarah teater (modern?), aya hiji seratan Pa Ajip nu nyabit-nyabit 
ngeunaan Pa Wahyu Wibisana. (Mung sim kuring nuju teu apal duka dina buku nu 
mana). Yen, Pa Wahyu kantos midangkeun hiji teater (drama) nu sipatna realis. 
Diantawisna, dina salah sawios adegan eta drama, anjeunna ngajagragkeun kuda 
(hirup, bungkeuleukan) ka panggung. Cenah mah ieu pementasan teh janten 
kacapangan kalangan dunia kang auw harita. 

Mung nyakitu, ieu data teh teu acan diolah janten informasi nu langkung tebih. 
Komo dugi kabaca kumaha dampakna kana kamekaran teater Sunda (tradisi) oge 
teater modern. (Sajarah berkesenian Pa Wahyu sigana teu acan seueur nu ngaguar, 
nya? Atanapi tos aya?). Boa-boa, ku maca kasus Pa Wahyu, urang oge janten paos 
kunaon Payung Hitam-na Rachman Sabur di Bandung, Teater SAE-na Budi S.Otong di 
Jakarta, oge Teater Kubur-na Dindon, diarambeuan di dunia teater.Falsafah Sunda 
nu kumaha nu ngadaragleg dina lelembutan aranjeunna. 

Kukituna, salah sawios agenda ngawangun Falsafah Sunda teh -- meureun -- nya 
ngainventarisir kumna makalah atanapi karya tulis nu nyampak di paguron-paguron 
luhur. Kalebet nya paguron seni.

Kituw panginten, Kang. Duka nyambung duka heunteu.

Salam Perdamaian,

Maman Gantra, ABCD (Anak Bandung Cinta Damai).


Kirim email ke