--- In [email protected], "mangjamal" <mangja...@...> wrote: > > > kang ari karuhun mah sanes golek wayang, golek mah bisa disebut beh dieu.
Enya cenah, nya, MJ. Golek mah beh dieu. Asana, umurna ge can saabad. Mun teu salah mah dijieunna teh taun 1920-an (atawa 1930-an?). Mun teu salah deui bae, urang Cibeureum, Bandung -- asal Tegal. Deui-deui ku alpukahna Wiranatakusumah (Dalem Haji?). Asana kungsi nyieun pangacaprukan ngeunaan golek ieu teh. Meunang ngaropea tina Cangkurileung asana mah. Ke urang teangan geura. Tapi, eta ngeunaan "karuhun". Kumaha satemenna nu dimaksud "karuhun" teh. Naha generasi aki-nini (persisna mah generasi nu ngalahirkeun eta wayang) bisa disebut "karuhun"? Atawa kudu leuwih kolot deui? Salam golek, MGT

