ieu mah babaledogan we kang, sigana kategori karuhun teh nu tos teu kahontal ku pancakaki kaluhur. cara bapana kai, uyut, bapana uyut bao, bapana bao janggawareng, bapana janggawareng udeg-udeg...
tah kaluhurna deui, kusabab teu aya deui istilahna, nya ti dinya, dipasihan cap we karuhuns. heuheu, tiasa oge, dina harti umum, dipake pikeun basa sundana nenek moyang, ancestor. mangga. asana seni rupana wayang golek oge tos ditesiskeun di program magister senirupa itb, ku US, nu ngumbara ka bali, janten dosen ISI Denpasar. > > Enya cenah, nya, MJ. Golek mah beh dieu. Asana, umurna ge can saabad. Mun teu > salah mah dijieunna teh taun 1920-an (atawa 1930-an?). Mun teu salah deui > bae, urang Cibeureum, Bandung -- asal Tegal. Deui-deui ku alpukahna > Wiranatakusumah (Dalem Haji?). Asana kungsi nyieun pangacaprukan ngeunaan > golek ieu teh. Meunang ngaropea tina Cangkurileung asana mah. Ke urang > teangan geura. > > Tapi, eta ngeunaan "karuhun". Kumaha satemenna nu dimaksud "karuhun" teh. > Naha generasi aki-nini (persisna mah generasi nu ngalahirkeun eta wayang) > bisa disebut "karuhun"? Atawa kudu leuwih kolot deui? > > Salam golek, > MGT >

