aya waleran ti ambu dian (richadiana kartakusuma--keur nu teu acan terang
anjeunna teh arkeolog ti arkenas, oge dosen ui) kana patarosanna kang dian
di kisunda (bae ah najan mj jeung kang maman aub di ditu ge hehe). di dinya
kasubat kasabit karuhun tea. cenah:
"sang rumuhun = yang dihormati dan telah di [alam] ruhur = *karuhun *= anu
tos di alam ruhur"

duq

----

tah ieu ieu tulisan ambu dian teh:

".....Pirajeunan, lamun ningal naskah tembang, rajah, katambih-tambih kidung
sapertos anu dialungkeun dina serat salira, dibukana teh ku salam sapun
contona:Pun sapun Ka Sang Rumuhun; Ka Batara ka Batari ; Ka Batara Seda
Jaya; Ka Batari Seda Sakti saktu;
Sakapeung nyambat oge ka Sri Pohaci. Mugia kersa ngaberelekeun, saha/naon
anu dimaksad ku:Sang Rumuhun; Batara, Batari; Seda Jaya, Seda Sakti; Sakapeung
nyambat oge ka: Sri Pohaci. Hatur nuhun sateuacanana- Dian....."

urang cobi diwaler > sadayana istilah ieu teh ungkapan2 hormat ka nu nyaba
di kalanggengan

sang Rumuhun
> sang teh honorefik prefik = kecap panganteur hormat (kata sandang hormat)
nu biasa dianggo miheulaan nu dianggap mulia (boh gaib boh nyata);
diantawisna
> rumuhun > tina kecap ruhun = ruhur  + sisipan [um] > sisipan [um] didieu
dina tatabasa dihartoskeun yang menjadi; sang rumuhun = yang dihormati dan
telah di [alam] ruhur = karuhun = anu tos di alam ruhur

> Batara, Batari
ieu teh kecap interferensi tina basa Sanskrta ka basa Sunda anu tos
diadaptasi janten basa lokal > aslina bhratara - bhratari (fonem t nganggo
titik dihandap)
dikecapkeun ku letah urang nya digampilkeun janten batara batari weh >
duanana sarimbag mung aya nu ngabedakeun batara mah kanggo gender lalaki
batari mah kanggo gender awewe

batara - batari biasanya dianggo kanggo dewa2 rendahan ti hiyang atanapi
dewa2 anu pangaruh ti luar > utamina di sunda Hiyang (= rumuhun; karuhun)
teh pang luhurna; batara batari oge > kalebet sesebatan kanggo raja anu tos
pupus (da kapungkur mah pamali nyebatkeun ngaran teh) nu dipihormat. Sami
bae sareng istilah "jenatna; almarhum; purane; suargi"

Seda jaya - Seda Sakti ge kitu > seda = tina siddha = sampurna
jaya = meunang > dilarapkeun kanu tos meunang kahirupanana; nu tos tuntas
hirupna anu aya di kalanggengan > pon kitu sedasakti sami wae satata keneh

mung anu disebat sakti ku konsep sunda mah sanes sakti manggulang mangguling
(kadugalan) tapi anu beresih anu wening anu tos teu naon2 ku naon2 tea

Sri Pohaci mah khusus kanggo MOTHER GODDES anu dianggo ku urang boh di Sunda
boh di Jawa nyaeta dewi bumi dewi kesuburan anu aci patina disebat Pwah ACI
(inti kesuburan bumi mangrupi biji2an = seed, anu janten makanan pokok di
urang beas; di flores sareng indonesia timur sagu oge di dunia lain
diantawisna di nagara anu makanan pokokna gandum atanapi aya oge jagung) nu
nawi ACI teh diphormat ku kecap Sri sareng Pwah > penghormatan ganda dan
tertinggi

sakieu wae heula; punten posting nu tipayun mah panginten teu relevan numawi
ku  diwaler deui

Tabe pun ingsun
AMBU

2009/3/30 mangjamal <[email protected]>

>
> ieu mah babaledogan we kang,
>
> sigana kategori karuhun teh nu tos teu kahontal ku pancakaki kaluhur. cara
> bapana kai, uyut,
> bapana uyut bao,
> bapana bao janggawareng,
> bapana janggawareng udeg-udeg...
>
> tah kaluhurna deui, kusabab teu aya deui istilahna, nya ti dinya, dipasihan
> cap we karuhuns. heuheu,
>
> tiasa oge, dina harti umum, dipake pikeun basa sundana nenek moyang,
> ancestor.
>
> mangga. asana seni rupana wayang golek oge tos ditesiskeun di program
> magister senirupa itb, ku US, nu ngumbara ka bali, janten dosen ISI
> Denpasar.
>
>
> >
> > Enya cenah, nya, MJ. Golek mah beh dieu. Asana, umurna ge can saabad. Mun
> teu salah mah dijieunna teh taun 1920-an (atawa 1930-an?). Mun teu salah
> deui bae, urang Cibeureum, Bandung -- asal Tegal. Deui-deui ku alpukahna
> Wiranatakusumah (Dalem Haji?). Asana kungsi nyieun pangacaprukan ngeunaan
> golek ieu teh. Meunang ngaropea tina Cangkurileung asana mah. Ke urang
> teangan geura.
> >
> > Tapi, eta ngeunaan "karuhun". Kumaha satemenna nu dimaksud "karuhun" teh.
> Naha generasi aki-nini (persisna mah generasi nu ngalahirkeun eta wayang)
> bisa disebut "karuhun"? Atawa kudu leuwih kolot deui?
> >
> > Salam golek,
> > MGT
> >
>
>  
> _._,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
uaduq.co.cc

Kirim email ke