--- Pada Sab, 28/3/09, Ahmad Toha <[email protected]> menulis:
Dari: Ahmad Toha <[email protected]> Topik: Re: [Urang Sunda] Mulungan kecap (II). Kepada: [email protected] Tanggal: Sabtu, 28 Maret, 2009, 5:31 PM ngabetrik, betrik = ngajeprét. ka+seuseup = nyedot hawa kajero awak atawa ngenyot barang éncér. ka+pajaratan = ka kuburan [Majaléngka mah = pasaréan] canéom = rada poék pikakeungeun [di leuweung, pajaratan, pasaréan] mumbul = muncul, kaluar ti jero cai atawa ngapung. diragotan, ragot = di Majalengka mah mun nu gelut atawa diadu sarua wani ngalayanan. Hayam diaradu mani ragot. Emod, On 3/27/09, Dian Tresna Nugraha <[email protected]> wrote: > Ayeuna urang mulungan kecap ti blogna Rizal Sabda > (http://rizalsabda.blogspot.com/) > > Wah basa Sundana matak nyerah bongkokan (tingal bae runtuyan tanda > tanya di handap ieu) > > halabhab = hayang nginum pedah hareudang > ngabetrik = ? > pipinding sirah = panutup sirah? > kaseuseup = ? > kapajaratan = ? > rungkang = ? > canéom = ? > mumbul = ? > kingkin = ? > diragotan = ? > diluruban = ? > lilimbung = ? > > Baktos, > > Dian. > > > > > -------------------------------- > Rabu, 2007 Desember 26 > > kota > > halabhab hawa kota ngabetrik pipinding sirah > téténjoan samar-samar (ranyay) kaseuseup jutaan gambar > na kamana iuh-iuh tangkal kiara, kalapa, léngkéng jeung loa > geuning geus ilang diganti ku jajaran salasar tihang > poster-poster jeung spanduk marinuhan sapaparat leumpang > kitu deui reujeung gapura geus teu némbongkeun ngaran hiji patempatan > ukur ngajeblag hiji tulisan “selamat datang” > padahal saha nu terang boa teuing éta seratan brasna kapajaratan? > > -------------------------------- > rungkang canéom > > puntung-puntung nu ngabarak dina asbak > teu karasa geus mumbul nyaksian kakingkinan > batin kuring dina peuting. > sora-sora kontra bas, sora-sora biola > sadana ngagelik_ ngagitik pipinding sukma > mancawura medahkeun kalangkang-kalangkang beurang > jungjunan, di dieu laju pikir geus mimiti samagaha > béré kuring jentréng-jentréng petikan qur’an > sangkan batin nu kapoékan kadamaran pulas beutina. > > -------------------------------- > dapur > > duh karunya teuing dapur kuring jirimna > geus panyakitan diragotan ku pirus mangsa > inget harita ari tacan mangkat sakola. > siduru heula hareupeun beungeut hawu > bari nunungguan asakna sangu keur tunjel > bekel mikir nyiar élmu. > beau geuning ayeuna saprak sapuluh taun > kuring lawas ninggalkeun imah > horéng lain bilik wungkul nu geus tatu, tapi hawu ogé kingkin jirimna > _ teu jauh béda reujeung batu na akar jambu > : diluruban ku pirang-pirang tai hayam. > > -------------------------------- > sirung kalangkang > > wengi ieu jungjunan langit anjeun murag katincak béca > béntang-béntangna nyarelap dina saban guratan ban > beuki jauh ringkang béca ninggalkeun jalan, > beuki waas cahayana kingkilaban ti kajauhan. > hiji mangsa bagja kuring jeung manéhna laksana > silih simbeuhan silih amanatan dina tungkul babarengan. > > -------------------------------- > laklak jempling > > ngaburicak batu bénsin diruru guratan beusi > sapuih-sapuih cuk-crekna ngahaseupan eusi sungut. > dina panto, kalangkang aing pating gorowok > neueulkeun leletan tarang nu méhméhan ditarok ku sumsum tulang > sedeng puntung dina létah, ajrag-ajragan nyarakakak ayeuh-ayeuhan > nyasak ka saban seuneu nu ngaruhak na jero otak. > melenghir kembang bugang meungpeukan beubeungeut eunteung > nurihkeun seuseukeut péso kana konéas warna samboja > dina kulit grut-gret hinis awi ngarakacak natoan jurig > nilengkeun panon aing nu kabakutet beulitan listrik > lilimbungkeun babauna sarupa arak nu ngayakyak teu béak-béak.. > ------------------------------------ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links assallammuallaikum mang mod kumaha damang?, duh nepangkeun yeuh wasta abi ajay ti garut Sikap Peduli Lingkungan? Temukan jawabannya di Yahoo! Answers. http://id.answers.yahoo.com

