punten kang emod,
dina perkara hayam gelut meni ragot....maha asa na mah sanes larapna, margi ari 
gelut ragot mah, dilarapkeun ka nu gelut nu campuh bari lawan pada-pada 
ngaluarkeun sora.
Salian bak bik buk, atawa cacakar, sora oge milu kaluar,
misalkeun dilarapkeun ka anjing nu garelut, atawa maung, naon wae nu 
ngaluarkeun sora gede, ari hayam mah asa na mah teu ngaluarkeun sora, bari sora 
na oge leutik.
kitu heula, punten manawi lepat

--- On Sun, 3/29/09, Ajay Surajaya <[email protected]> wrote:


From: Ajay Surajaya <[email protected]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Mulungan kecap (II).
To: [email protected]
Date: Sunday, March 29, 2009, 4:45 PM












--- Pada Sab, 28/3/09, Ahmad Toha <e...@urang-sunda. or.id> menulis:


Dari: Ahmad Toha <e...@urang-sunda. or.id>
Topik: Re: [Urang Sunda] Mulungan kecap (II).
Kepada: urangsu...@yahoogro ups.com
Tanggal: Sabtu, 28 Maret, 2009, 5:31 PM


ngabetrik, betrik = ngajeprét.
ka+seuseup = nyedot hawa kajero awak atawa ngenyot barang éncér..
ka+pajaratan = ka kuburan [Majaléngka mah = pasaréan]
canéom = rada poék pikakeungeun [di leuweung, pajaratan, pasaréan]
mumbul = muncul, kaluar ti jero cai atawa ngapung.
diragotan, ragot = di Majalengka mah mun nu gelut atawa diadu sarua
wani ngalayanan. Hayam diaradu mani ragot.

Emod,

On 3/27/09, Dian Tresna Nugraha <dian.nugraha@ gmail.com> wrote:
> Ayeuna urang mulungan kecap ti blogna Rizal Sabda
> (http://rizalsabda. blogspot. com/)
>
> Wah basa Sundana matak nyerah bongkokan (tingal bae runtuyan tanda
> tanya di handap ieu)
>
> halabhab = hayang nginum pedah hareudang
> ngabetrik = ?
> pipinding sirah = panutup sirah?
> kaseuseup = ?
> kapajaratan = ?
> rungkang = ?
> canéom = ?
> mumbul = ?
> kingkin = ?
> diragotan = ?
> diluruban = ?
> lilimbung = ?
>
> Baktos,
>
> Dian.
>
>
>
>
> ------------ --------- --------- --
> Rabu, 2007 Desember 26
>
> kota
>
> halabhab hawa kota ngabetrik pipinding sirah
> téténjoan samar-samar (ranyay) kaseuseup jutaan gambar
> na kamana iuh-iuh tangkal kiara, kalapa, léngkéng jeung loa
> geuning geus ilang diganti ku jajaran salasar tihang
> poster-poster jeung spanduk marinuhan sapaparat leumpang
> kitu deui reujeung gapura geus teu némbongkeun ngaran hiji patempatan
> ukur ngajeblag hiji tulisan “selamat datang”
> padahal saha nu terang boa teuing éta seratan brasna kapajaratan?
>
> ------------ --------- --------- --
> rungkang canéom
>
> puntung-puntung nu ngabarak dina asbak
> teu karasa geus mumbul nyaksian kakingkinan
> batin kuring dina peuting.
> sora-sora kontra bas, sora-sora biola
> sadana ngagelik_ ngagitik pipinding sukma
> mancawura medahkeun kalangkang-kalangka ng beurang
> jungjunan, di dieu laju pikir geus mimiti samagaha
> béré kuring jentréng-jentré ng petikan qur’an
> sangkan batin nu kapoékan kadamaran pulas beutina.
>
> ------------ --------- --------- --
> dapur
>
> duh karunya teuing dapur kuring jirimna
> geus panyakitan diragotan ku pirus mangsa
> inget harita ari tacan mangkat sakola.
> siduru heula hareupeun beungeut hawu
> bari nunungguan asakna sangu keur tunjel
> bekel mikir nyiar élmu.
> beau geuning ayeuna saprak sapuluh taun
> kuring lawas ninggalkeun imah
> horéng lain bilik wungkul nu geus tatu, tapi hawu ogé kingkin jirimna
> _ teu jauh béda reujeung batu na akar jambu
> : diluruban ku pirang-pirang tai hayam.
>
> ------------ --------- --------- --
> sirung kalangkang
>
> wengi ieu jungjunan langit anjeun murag katincak béca
> béntang-béntangna nyarelap dina saban guratan ban
> beuki jauh ringkang béca ninggalkeun jalan,
> beuki waas cahayana kingkilaban ti kajauhan.
> hiji mangsa bagja kuring jeung manéhna laksana
> silih simbeuhan silih amanatan dina tungkul babarengan.
>
> ------------ --------- --------- --
> laklak jempling
>
> ngaburicak batu bénsin diruru guratan beusi
> sapuih-sapuih cuk-crekna ngahaseupan eusi sungut.
> dina panto, kalangkang aing pating gorowok
> neueulkeun leletan tarang nu méhméhan ditarok ku sumsum tulang
> sedeng puntung dina létah, ajrag-ajragan nyarakakak ayeuh-ayeuhan
> nyasak ka saban seuneu nu ngaruhak na jero otak.
> melenghir kembang bugang meungpeukan beubeungeut eunteung
> nurihkeun seuseukeut péso kana konéas warna samboja
> dina kulit grut-gret hinis awi ngarakacak natoan jurig
> nilengkeun panon aing nu kabakutet beulitan listrik
> lilimbungkeun babauna sarupa arak nu ngayakyak teu béak-béak..
>


------------ --------- --------- ------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang- Sunda.or. id
Yahoo! Groups Links



assallammuallaikum mang mod kumaha damang?, duh nepangkeun yeuh wasta abi ajay 
ti garut 


Lebih bergaul dan terhubung dengan lebih baik. 
Tambah lebih banyak teman ke Yahoo! Messenger sekarang!
















      

Kirim email ke