Kabita ... bisa diinstall teu nya program bahasa kieu
kuring ge sony erricson tapi anu heubeul





2009/3/30 waluya2006 <[email protected]>

>   Poe Minggu kamari, kuring kapaksa meuli HP keur budak nu panengah, HP
> heubeulna rusak, teu jalan pisan, omongna mah kahujanan. Maklum basa
> dibeulina HP urut, gampang rusak, geus sababaraha kali direparasi, bosen ku
> ngomean.
>
> Budak teh milih HP Sony Erricson tipe W302. Lain HP anyar, tapi HP seken
> oge, ngan garansina masih aya. Lumayan beda 400 rebu jeung nu anyar mah.
> Waktu ku kuring nyobaan, eh ...dina menu bahasa teleponna aya Basa Sunda
> jeung Basa Jawa!. Diset dina Basa Sunda, breh teh bener make basa Sunda.
> contona: "TALATAH" keur "Message"/ "pesan", "BOLAY" keur cancel, "PAYIL"
> keur file, "SURELEK" keur email. Tah palebah Surelek kuring rada ngahuleng,
> sabab sainget kuring SURELEK teh mimiti dipake dina obrolan2 Kusnet di taun
> 2001/2002. Boa-boa aya urang Kusnet yeuh nu digawe di Sony Erricson?
>
> Baktosna,
> WALUYA
>
>  
>

Kirim email ke