SE memang TOP. hehe. ki adi nyebutna soner, naon? sihoreng eta, sony erriccson. asalna nu urang swedia dibeli ku sony cenah
tatangga di antapani ayeuna sigana tos pindah gawe, asalna di bagean bahasa indonesia NOKIA (di tampere finlandia tea). kungsi nyurelek, nanya konfirmasi selamat datang wilujeng sumping. ditanya jang naon? cenah aya museum nu perlu. heuheu mj http://geocities.com/mangjamal http://mangjamal.multiply.com Poe Minggu kamari, kuring kapaksa meuli HP keur budak nu panengah, HP heubeulna rusak, teu jalan pisan, omongna mah kahujanan. Maklum basa dibeulina HP urut, gampang rusak, geus sababaraha kali direparasi, bosen ku ngomean. Budak teh milih HP Sony Erricson tipe W302. Lain HP anyar, tapi HP seken oge, ngan garansina masih aya. Lumayan beda 400 rebu jeung nu anyar mah. Waktu ku kuring nyobaan, eh ...dina menu bahasa teleponna aya Basa Sunda jeung Basa Jawa!. Diset dina Basa Sunda, breh teh bener make basa Sunda. contona: "TALATAH" keur "Message"/ "pesan", "BOLAY" keur cancel, "PAYIL" keur file, "SURELEK" keur email. Tah palebah Surelek kuring rada ngahuleng, sabab sainget kuring SURELEK teh mimiti dipake dina obrolan2 Kusnet di taun 2001/2002. Boa-boa aya urang Kusnet yeuh nu digawe di Sony Erricson? Baktosna, WALUYA

