Euh....Akhirna dikaluarkeun oge Menu basa Sunda.
Harita keur boga keneh Sony Ericsoon M600i, kuring kungsi nyuratan ka Sony
Ericsson menta progran keur ngedit program .SIS nagran filena
"indonesia_CXC162971_R6A16" da mun rek ngaganti basana kudu ngadonload heula
filena, tapi teu dibere, meureun cenah ah engke keur dijual.

Kurah-koreh meunang program SISWare4.7.
File bahasa "Indonesia_CXC162971_R6A16" bisa dibuka, terus ku kuring diganti
sakabeh nu aya tulisan basa Indonesia diganti ku basa Sunda. Tapi
diinstallkeun kana HP teu jalan. hi..hi..hi...kalahka error..
Ayeuna HP na tos teu aya dikieuna, aya nu butuheun dina angkot Cimahi-Leuwi
Panjang (08/08/2008)

Emod,

2009/3/30 waluya2006 <[email protected]>

>   Poe Minggu kamari, kuring kapaksa meuli HP keur budak nu panengah, HP
> heubeulna rusak, teu jalan pisan, omongna mah kahujanan. Maklum basa
> dibeulina HP urut, gampang rusak, geus sababaraha kali direparasi, bosen ku
> ngomean.
>
> Budak teh milih HP Sony Erricson tipe W302. Lain HP anyar, tapi HP seken
> oge, ngan garansina masih aya. Lumayan beda 400 rebu jeung nu anyar mah.
> Waktu ku kuring nyobaan, eh ...dina menu bahasa teleponna aya Basa Sunda
> jeung Basa Jawa!. Diset dina Basa Sunda, breh teh bener make basa Sunda.
> contona: "TALATAH" keur "Message"/ "pesan", "BOLAY" keur cancel, "PAYIL"
> keur file, "SURELEK" keur email. Tah palebah Surelek kuring rada ngahuleng,
> sabab sainget kuring SURELEK teh mimiti dipake dina obrolan2 Kusnet di taun
> 2001/2002. Boa-boa aya urang Kusnet yeuh nu digawe di Sony Erricson?
>
> Baktosna,
> WALUYA
>
>  
>

Kirim email ke