ngiringan ah...

cik wang bayangkeun mh... (bari tikerung-kerung we... ditungtungan ku belenyeh 
seuri hehehe). mun seug bapa uing aya keneh, hobina teh ngadengekeun 
kroncongongan, baheula mah sok aya di RRI. teng manuk teng, uing ge resep da, 
tapi sok dipoyokan ku babaturan majarkeun teh "kolot saacan waktuna". Geus lila 
tara ngadengekeun RRI da kasilep ku radio "kaayeunaan". Kiwari aya kroncong 
rumaja nu dihaleangkeun ku Bondan Prakoso ningan... ngeunaheun... 
trung...kentrung... ngak ngik ngeeek... :)

ro2

>>> [email protected] 03/31/09 04:33PM >>>

malah di johor, sainget uing, aya hiji stasiun radio pamarentah nu tiap
peuting, mimiti jam 11-an nepi ka jam 1-an, boga acara khusus siaran
lagu-lagu keroncong (eta teh unggal peuting sodara-sodara, coba bayangkeun
di urang aya stasiun radio nu jiga kitu? mudah-mudahan we aya).

(mh)

Kirim email ke