> yuya ira <akhwat_sya...@...> wrote: > ari pendapat abdi mah, kahiji, poligami teh halal, kadua-na, aya > seueur hikmah anu memang terkandung dina poligami. > ayeuna, naha ari anu halal bet dipermasalahkeun, ari anu selingkuh > tanpa ikatan teu dipermasalahkeun,
Kuring mah moal ngamasalahkeun caleg nu ngalakukeun poligami, ngan rek naroskeun naon ari hikmahna poligami? Naon sababna kuring naroskeun, sabab ari ceuk kuring mah poligami teh loba mudharatna tinambang manfaatna. Teu sadayana nu halal teh kudu disebut alus. Contona gajih sapi jeung embe, halal, tapi dokter nganjurkeun teu didahar, komo keur nu umurna geus leuwih ti 40 taun, sabab ngarugikeun kasehatan. Geuning teu aya nu naroskeun/ ngagugat ka para dokter, nu lurung-larang ngsonsumsi kadaharan halal? Jadi nu ngamasalahkeun poligami, sanes ngamasalahkeun perkara halal atawa haramna, tapi kulantaran poligami teh loba gorengna tinimbang alusna. Anggap we nu teu satuju poligami teh siga dokter nu sok lurung-larang ngadahar kadaharan nu hukumna halal! Baktosna, WALUYA

