ngepro jeung nontra keun poligami mah pasti moal patepung..kulataan madudengkeun ajaran /kayakinan...jeung analisa pragmatis kahirupan sosial....terus wae bakal aya pro jeung kontra...naha MUI rek ngaluarkeun fatwa deui yen anu anti/teu resep poligami teh kafir/islam teu baleg ? Anu pikarunyaeun mah eta anu hayang poligami tapi teu wasa.....
On 4/6/09, waluya2006 <[email protected]> wrote: > > > yuya ira <akhwat_sya...@...> wrote: > > ari pendapat abdi mah, kahiji, poligami teh halal, kadua-na, aya > > seueur hikmah anu memang terkandung dina poligami. > > ayeuna, naha ari anu halal bet dipermasalahkeun, ari anu selingkuh > > tanpa ikatan teu dipermasalahkeun, > > Kuring mah moal ngamasalahkeun caleg nu ngalakukeun poligami, ngan rek > naroskeun naon ari hikmahna poligami? Naon sababna kuring naroskeun, sabab > ari ceuk kuring mah poligami teh loba mudharatna tinambang manfaatna. > > Teu sadayana nu halal teh kudu disebut alus. Contona gajih sapi jeung embe, > halal, tapi dokter nganjurkeun teu didahar, komo keur nu umurna geus leuwih > ti 40 taun, sabab ngarugikeun kasehatan. Geuning teu aya nu naroskeun/ > ngagugat ka para dokter, nu lurung-larang ngsonsumsi kadaharan halal? > > Jadi nu ngamasalahkeun poligami, sanes ngamasalahkeun perkara halal atawa > haramna, tapi kulantaran poligami teh loba gorengna tinimbang alusna. Anggap > we nu teu satuju poligami teh siga dokter nu sok lurung-larang ngadahar > kadaharan nu hukumna halal! > > Baktosna, > WALUYA > > >

