ngepro jeung ngontra keun poligami mah pasti moal patepung..kulataan
madudengkeun ajaran /kayakinan...jeung analisa pragmatis kahirupan
sosial....terus wae bakal aya pro jeung kontra...naha MUI rek ngaluarkeun
fatwa deui yen anu anti/teu resep poligami teh kafir/islam teu baleg ? Anu
pikarunyaeun mah eta anu hayang poligami tapi teu wasa.....

On 4/6/09, waluya2006 <[email protected]> wrote:
>
>   > yuya ira <akhwat_sya...@...> wrote:
> > ari pendapat abdi mah, kahiji, poligami teh halal, kadua-na, aya
> > seueur hikmah anu memang terkandung dina poligami.
> > ayeuna, naha ari anu halal bet dipermasalahkeun, ari anu selingkuh
> > tanpa ikatan teu dipermasalahkeun,
>
> Kuring mah moal ngamasalahkeun caleg nu ngalakukeun poligami, ngan rek
> naroskeun naon ari hikmahna poligami? Naon sababna kuring naroskeun, sabab
> ari ceuk kuring mah poligami teh loba mudharatna tinambang manfaatna.
>
> Teu sadayana nu halal teh kudu disebut alus. Contona gajih sapi jeung embe,
> halal, tapi dokter nganjurkeun teu didahar, komo keur nu umurna geus leuwih
> ti 40 taun, sabab ngarugikeun kasehatan. Geuning teu aya nu naroskeun/
> ngagugat ka para dokter, nu lurung-larang ngsonsumsi kadaharan halal?
>
> Jadi nu ngamasalahkeun poligami, sanes ngamasalahkeun perkara halal atawa
> haramna, tapi kulantaran poligami teh loba gorengna tinimbang alusna. Anggap
> we nu teu satuju poligami teh siga dokter nu sok lurung-larang ngadahar
> kadaharan nu hukumna halal!
>
> Baktosna,
> WALUYA
>
>  
>

Kirim email ke