> ua duq <dudi.herlia...@...> wrote: > hehe.. nya maksud kuring ge kitu bah. nya sahenteuna > kriminalitasnu > jadi objek hukuman cambuk di aceh ngurangan. nu nandaan yen fungsi > jera > jeung nyingsieunan tina eta hukuman jalan.
Perkara hukuman keur nyingsieunan nu sejen, kuring boga dongeng Kang Dud. Caritana di hiji tempat di Inggris (lamun teu salah) tingkat kriminalitasna gede pisan. Keur ngeureunkeunana, pangawasa nyieun hukuman sing saha wae anu maling, dihukum gantung tepi ka paeh. Caritana aya nu katewak maling terus ditibanan hukuman pati. Diumumkeun ka suklak-siklukna, supaya masyarakat nyaho jeung ngalalajoan pelaksanaan hukuman mati. Dina poe "H"na hukuman gantung, jelema napuk pasedek-sedek lalajo nu digantung. Gulantung weh nu digantung teh ngagulayun, hos ...paeh. Kabeh ngarasa sugema, yakin tindakan kriminal siga pulang-paling bakal ngurangan da sarieuneun digantung. Tapi waktu nu lalajo balubar, loba nu ribut, kulantaran dompetna laleungitan, sigana mah aya COPET ngamanfaatkeun balangahna nu lalajo! Baktos, WALUYA

