bisa wae, bener ayana.
sieun pabuntung-buntung.
komo ayeuna pan urang salarea pada nyaho
'beurit, 'ucing', jeung sajabana loba di kursi dewan teh geuning.


--- On Tue, 4/7/09, waluya2006 <[email protected]> wrote:

From: waluya2006 <[email protected]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Cambuk di Aceh
To: [email protected]
Date: Tuesday, April 7, 2009, 10:16 PM











    
            > arif ramdlan <riframadlans@ ...> wrote:

> tah lamun urusan maling duit nagara...

> di aceh teh qanun potong tangan (koh jaroe; basa aceh) nepi ka 

> ayeuna can disahkeun.. geus opat tahun eta draft diajengkeun. ..



Sieuneun pabuntung-buntung leungeun meureun Kang Arif. Maklum nu ngesahkeun oge 
tiasa wae buntung leungeunna. Inget ka Revolusi Perancis, nu pabuntung-buntung 
beuheung ...hehehe.



Terus terang kuring mah teu satuju jeung hukuman "amputasi" ieu. Masalahna 
manusa jadi tanpadaksa (cacad). Jelema nu tanpadaksa tea bisa jadi 
tanggungan/beban nagara da teu bisa nyiar pakasaban. Kitu oge lamun nagarana 
daek nanggung. Lamun nagara teu ngajamin jalma cacad (kaasup nu cacad dihaja 
kulantaran dihukum), meureun di jalan-jalan beuki pinuh we kunu jajaluk!



Tinimbang dihukum "amputasi" nya mending dihukum pati we sakalian ....



NB. Hukum pati jeung hukum amputasi teu mungkin dilaksanakeun ku dokter. Sabab 
dokter kaiket ku sumpah profesi. Hukuman pati make suntik mati oge, dimana-mana 
moal aya nu dilakukeun ku dokter!



Baktos,

WALUYA 




 

      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke