> arif ramdlan <riframadl...@...> wrote: > tah lamun urusan maling duit nagara... > di aceh teh qanun potong tangan (koh jaroe; basa aceh) nepi ka > ayeuna can disahkeun.. geus opat tahun eta draft diajengkeun...
Sieuneun pabuntung-buntung leungeun meureun Kang Arif. Maklum nu ngesahkeun oge tiasa wae buntung leungeunna. Inget ka Revolusi Perancis, nu pabuntung-buntung beuheung ...hehehe. Terus terang kuring mah teu satuju jeung hukuman "amputasi" ieu. Masalahna manusa jadi tanpadaksa (cacad). Jelema nu tanpadaksa tea bisa jadi tanggungan/beban nagara da teu bisa nyiar pakasaban. Kitu oge lamun nagarana daek nanggung. Lamun nagara teu ngajamin jalma cacad (kaasup nu cacad dihaja kulantaran dihukum), meureun di jalan-jalan beuki pinuh we kunu jajaluk! Tinimbang dihukum "amputasi" nya mending dihukum pati we sakalian .... NB. Hukum pati jeung hukum amputasi teu mungkin dilaksanakeun ku dokter. Sabab dokter kaiket ku sumpah profesi. Hukuman pati make suntik mati oge, dimana-mana moal aya nu dilakukeun ku dokter! Baktos, WALUYA

