Bah Wil, ngiring ngadongeng nya* Pabeubeurang, piisukeun Democrazy Party kuring karek meunang ondangan nyontreng. Tadina mah geus boga rarasaan boa-boa bakal Golput. Tuda, tatangga mah geus narima ondangan ti beh ditu keneh, naha ari kuring acan?
Isukna, di hareupeun imah nu kabeneran lapangan poli geus ngagimbung loba jelema nu rek nyalontreng. Kuring & indung kuring nyalse, samemeh nyontreng lalajo heula tipi. Di iberkeun yen SBY rek nyontreng jam 11.00 WIC (Waktu Indonesia Cikeas). Ningali masih keneh pagegelekna warga nu rek nyontreng, celengkeung indung kuring ngomong,"Geus we atuh urang ge jam sawelas nyontreng teh". "Naha?" ceuk kuring bari rada kerung. "Pan nurutan SBY*" "Haaaaaarrrr*?" ceuk kuring, bari ditungtungan ku ngaheheh. Kurutak si bungsu, adi kuring nu lalaki datang. "Geus nyolok?" tanya indung kuring. "Moal ah Mah, bade Golput bae*" ceuk adi kuring bari nyerengeh. "Siah, ngerakeun kolot! Era ku ErTe! Nyolok kaituh!"indung kuring ngambek. Kuring seuri leutik. Naha pedah teu nyolok, jadi era ku Pak RT? Hihihi* Manehna ngaleos. Sapuluh menit ti harita* "Mana ondanganana? Bade nyontreng sareng rerencangan". Sihoreng neangan heula babaturan, da katingali saabrulan barudak ngora wungkul rek nyalontreng. Kira-kira jam satengah sawelas, kuring jeung indung kuring muru lapang nu katingalina geus rada kosong. Beres daptar, nungguan mani lila. Sihoreng lain kosong lapang teh, tapi loba jelema nu ngiuhan di handapeun tatangkalan sarieuneun ku panas poe nu kacida matak "tutung" kana awak. Patutur-tutur jeung indung kuring, asup kana bilik sora nu dijieun tina triplek dihordengan ku spanduk calana jins merk Cardinal. Hiji-hiji kertas sora nu baradag dibukaan. Teu pati ditelek-telek saha-sahana, salian hoream jeung matak lieur da teu warawuh, nu pasti matak pililaeun. Kuring nyontreng gambar parteyna hungkul. Sakolepat inget kana pesen YM babaturan kuring, nu nyeponsoran hiji calon anggota DPD* aeh poho, saha ngarana nya? Beres ngasupkeun kertas kana wadahna nu dijieun tina kaleng pasagi tea, kuring nganclomkeun cinggir kana wadah mangsi. Ningali batur mah diledotkeun kana elap nu disadiakeun di dinya. Kuring mah ngahaja teu dielap, inget kana email nu ngiberkeun yen aya kopi haratis nu di bagikeun ku Starbuck. If you care enough to Vote.. we care enough to give you A free cup of Coffee.. tomorrow, 9 April 2009 from 12 - 5 PM at all starbucks coffee store Free hot or iced coffee size 8 oz.. pls show ur finger print (as proof of voting) Ah, ketang da kuring mah teu pati beuki kana kopi, jaba jauh kudu ka BIP heula. Hoream. Kuring mah ngan hayang nyaho ceuk ceunah mangsi teh moal luntur nepi ka tilu poe. Indung kuring masih keneh ngusey na bilik sora. Mun dimenitan mah aya kana saparapat jam, maklum tuda geus kolot. Nepi ka imah* "Naha mani lami Mah?" ceuk kuring nanya. "Tuda mani loba-loba teuing parteyna. Hese nilepkeun deui kertasna, jaba mani saopat-opat! Komo etah pas nu aya potoan mah, teuing saha nu dicontreng? Teu wawuh!" ceuk indung kuring bari ngarahuh. Tong boroning nu nyalontreng, dalah panitiana ge jiga nu kawalahan pemilu nu ayeuna mah. Biasana misahkeun teh ngan parteyna we wungkul. Ieu mah "anakan" deui, misahkeun dumasar kana ngaran jelemana. Mending mun saurang, ieu mah aya kana sapuluhna. Kuring nitenan iber dina tipi, sarua geuning masalahna mah dina kertas sora. Komoning nu geus karolot, kuring ge manglieurkeun. Lieur nyontreng asa kaubaran basa nitenan Quick Count partey nu dicontreng ku kuring asup ka 10 besar. Mun dipikir-pikir, ari ngan 10 partey nu perhitungkeun mah, cik atuh ka jurangan KPU tong loba-loba teuing nu diasupkeun kana kertas teh* Keur segut lalajo hasil sementara pemilu ti sababaraha lembaga survey, kring teh aya telepon ti adi kuring nu di Jawa Timur. Manehna keur patroli ka TPS-TPS, harita keur ngaso sakeudeung bari ngawas anak buahna, nya nelepon ka Bandung. Biasa, ngobrol sono jeung nu jadi indung. Jeung kuring ge ngaler ngidul ngomongkeun pemilu, hanjakal ngan sakeudeung. Manehna ngangluh pemilu ayeuna mah asa lieur ceunah, lapor ka komandanna dina berita acara ditulis : Situasi Aman Terkendali dan Bingung. ro2 >>> [email protected] 04/13/09 11:44AM >>> Beres nyontreng, kertas sora dilipet deui, terus dipariksa dibulak-balik, bisi ngalipetna tibalik. Cilaka lamun tibalik teh engke katempo kuring nyontreng tepi ka toblos. Beres teu kaciri. Geus kitu nuju ka kotak sora, kertas sora diasup-asupkeun kana kotakna. Memeh kaluar ti TPS curuk kuring dianclomkeun kana mangsi. Teu abral-obrol heula jeung tatangga, ah langsung we balik ka imah, leumpang ngagandeuang senang, bakating ku ngemplong saperti nu tas kaluar ti WC ..... WALUYA

