Pangalaman kuring beda deui,
Geus kabiasaan, unggal pemilu, istilahna teh nyolok, lain
nyontreng. 

Pitilu minggueun deui kana poean pemilu kuring nanya ka
pamajikan, kumaha Nik, mending nyolok di TPS atawa nyolok di imah? 

Mending di TPS kang, rame, asa pesta, panggih jeung
babaturan, jaba sakalian nyaksian ngitung suara.

Nyeta di TPS mah asa haroream ku jauhna, asa mending nyolok di
imah, sepi, jaba salse deuih moal aya nu ngaganggu atawa ngaburu buru.

Sing solider atuh kang, batur di TPS, piraku urang di imah.

Eh ari taeun teh, ngeuneah di imah Nik, urang paduduaan, dibere kalaluasaan, 
kasempetan,
lain dimangpaatkeun.

Teu nanaon atuh kang 5 tahun sakali.  

Teu loba omong deui, harita mah kuring nurut ngelehan,
diputuskeun nyolok di TPS. Dua poe ti harita ngadadak, kuring ditugaskeun kudu
SPJ ka luar  kota pas poean pemilu pisan bakal euweuh di
imah. Atuh nu tadina geus mutuskeun rek nyolok di TPS kudu dirobah jadi di
imah. Kapaksa tah nelepon ka panitia pemilu, kuring jeung pamajikan hayang
nyolok di imah. Eh.. pisaminggueun deui kana poean pemilu saacan indit SPJ, 
surat suara geus norojol. Salse
pisan, peuting peuting mukaan surat
suara salembar sewang keur DPR pusat cenah, geus kapanggih caleg nu rek dipilih,
kuring jeung pamajikan nyolok eh… nyontreng.. bari ngagerentes na hate… punten 
ah… miheulaan.
Surat suara nu
geus dicontreng dilipet bus diabuskeun kana amplop nu geus diperangkoan. Hatur
nuhun ka panitia oge ka pa Konjen, mahal nya pemilu teh sabarahaeun eta
perangko, nya keur ngirim nya keur balasan, jaba beurat deuih, leuwih ti 20 gram
perangkona 2  x 1,45 euro, duaan jadi 5,8
euro. Duka sabaraha ratus  atawa sabaraha
rebu urang nu nyontreng di imah. Isukna isuk isuk eta dua amplop diabuskeun
kana kotak pos …belesat hiber ka Toulouse.
   

 

Wassalam

Kang Trias

 

 



--- On Sun, 4/12/09, Panzi <[email protected]> wrote:

From: Panzi <[email protected]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Milih .....
To: [email protected]
Date: Sunday, April 12, 2009, 11:24 PM











    
            
            


      
      kamari oge ditempat abi tugas jadi KPPS,

aya salah sahiji surat suara anu dicontreng nepi ka salapan contrengan,

malah aya oge anu ditulisan "LIEUR"... heuheuheu...



honor 200rebu keur pemilu ayeuna mah teu asup pisan eung,

da kudu nepika jam 10 peuting, komo batur mah aya nu nepi ka jam 2 subuh,

da saralah ngitungna... maenya partai dicontreng caleg dicontreng diitung

2 sora, jadi we maranehanana mah ngulang deui... bongan tuda geus aya nu

ngabejaan salah malah jadi jelema nu so' pintar, majarkeun teh kuma aing

we cenah, basa ningali TPSna masih sibuk keneh, uing mah ukur nyarita na

hate... "wilujeng janten jalmi pinter we lahhh"... hehehe...



-nzi-



>> "Roro Rohmah" <Roro.Rohmah@ ...> wrote:

>> "Moal ah Mah, bade Golput bae*" ceuk adi kuring bari nyerengeh.

>

> Teh Ro2, budak kuring nu panengah, awewe rada tomboy, mani gumbira pisan,

> meunang panggilan milih. Manehna teh kakara 17 taun leuwih, ulang taun 17

> taunna kakara 6 bulan katukang. Manehna milih pabeubeurang, waktu beres

> milih datang ka imah jeung babaturanana bari iirihilan. Ditanyakeun ku

> kuring teh, kunaon tas milih jadi iirihilan kitu?

>

> "Pokona adil", ceuk manehna teh.

>

> "Kabagean sarerea ...asyik", disambung ku si E, sobatna.

>

> "Naon nu adil, naon nu kabagean sarerea?", ceuk kuring teh heran.

>

> "Muhun, sadayana dicontreng.. .eh dicoblos, adil pan Pah?"

>

> Dasar bebenyit, pemilu kalahka dipake kaheureuyan, kabayang we eta kertas

> sora rangsak, da lain dicontreng kalahka dicoblos ampir kabeh!

>

>

> WALUYA

>

>

>

>

>

>

>



-- 

&#7060;&#7082; &#7056;&# 7076;


 

      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke