panjang amat dongengna....he...he,,,

cag...
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com
                http://inawan.multiply.com
Mobile     : +62-818-109410
www.urang-sunda.or.id.
su.wikipedia.org
[email protected]
[email protected]
urangtasik.multiply.com


2009/4/13 Roro Rohmah <[email protected]>

>
>
>  Bah Wil, ngiring ngadongeng nya…
>
> Pabeubeurang, piisukeun Democrazy Party kuring karek meunang ondangan
> nyontreng. Tadina mah geus boga rarasaan boa-boa bakal Golput. Tuda,
> tatangga mah geus narima ondangan ti beh ditu keneh, naha ari kuring acan?
>
> Isukna, di hareupeun imah nu kabeneran lapangan poli geus ngagimbung loba
> jelema nu rek nyalontreng. Kuring & indung kuring nyalse, samemeh nyontreng
> lalajo heula tipi. Di iberkeun yen SBY rek nyontreng jam 11.00 WIC (Waktu
> Indonesia Cikeas). Ningali masih keneh pagegelekna warga nu rek nyontreng,
> celengkeung indung kuring ngomong,”Geus we atuh urang ge jam sawelas
> nyontreng teh”.
> “Naha?” ceuk kuring bari rada kerung.
> “Pan nurutan SBY…”
> “Haaaaaarrrr…?” ceuk kuring, bari ditungtungan ku ngaheheh.
>
> Kurutak si bungsu, adi kuring nu lalaki datang.
> “Geus nyolok?” tanya indung kuring.
> “Moal ah Mah, bade Golput bae…” ceuk adi kuring bari nyerengeh.
> “Siah, ngerakeun kolot! Era ku ErTe! Nyolok kaituh!”indung kuring ngambek.
> Kuring seuri leutik. Naha pedah teu nyolok, jadi era ku Pak RT? Hihihi…
> Manehna ngaleos. Sapuluh menit ti harita…
> “Mana ondanganana? Bade nyontreng sareng rerencangan”. Sihoreng neangan
> heula babaturan, da katingali saabrulan barudak ngora wungkul rek
> nyalontreng.
>
> Kira-kira jam satengah sawelas, kuring jeung indung kuring muru lapang nu
> katingalina geus rada kosong. Beres daptar, nungguan mani lila. Sihoreng
> lain kosong lapang teh, tapi loba jelema nu ngiuhan di handapeun tatangkalan
> sarieuneun ku panas poe nu kacida matak “tutung” kana awak.
>
> Patutur-tutur jeung indung kuring, asup kana bilik sora nu dijieun tina
> triplek dihordengan ku spanduk calana jins merk Cardinal. Hiji-hiji kertas
> sora nu baradag dibukaan. Teu pati ditelek-telek saha-sahana, salian hoream
> jeung matak lieur da teu warawuh, nu pasti matak pililaeun. Kuring nyontreng
> gambar parteyna hungkul. Sakolepat inget kana pesen YM babaturan kuring, nu
> nyeponsoran hiji calon anggota DPD… aeh poho, saha ngarana nya?
>
> Beres ngasupkeun kertas kana wadahna nu dijieun tina kaleng pasagi tea,
> kuring nganclomkeun cinggir kana wadah mangsi. Ningali batur mah diledotkeun
> kana elap nu disadiakeun di dinya. Kuring mah ngahaja teu dielap, inget kana
> email nu ngiberkeun yen aya kopi haratis nu di bagikeun ku Starbuck.
>
> *If you care enough to Vote..
> we care enough to give you
> A free cup of Coffee..
> tomorrow, 9 April 2009 from 12 - 5 PM
> at all starbucks coffee store*
> **
>
> *Free hot or iced coffee size 8 oz..
> pls show ur finger print (as proof of voting)*
>
> Ah, ketang da kuring mah teu pati beuki kana kopi, jaba jauh kudu ka BIP
> heula. Hoream. Kuring mah ngan hayang nyaho ceuk ceunah mangsi teh moal
> luntur nepi ka tilu poe.
>
> Indung kuring masih keneh ngusey na bilik sora. Mun dimenitan mah aya kana
> saparapat jam, maklum tuda geus kolot. Nepi ka imah…
> “Naha mani lami Mah?” ceuk kuring nanya.
> “Tuda mani loba-loba teuing parteyna. Hese nilepkeun deui kertasna, jaba
> mani saopat-opat! Komo etah pas nu aya potoan mah, teuing saha nu
> dicontreng? Teu wawuh!” ceuk indung kuring bari ngarahuh.
>
> Tong boroning nu nyalontreng, dalah panitiana ge jiga nu kawalahan pemilu
> nu ayeuna mah. Biasana misahkeun teh ngan parteyna we wungkul. Ieu mah
> “anakan” deui, misahkeun dumasar kana ngaran jelemana. Mending mun saurang,
> ieu mah aya kana sapuluhna.
>
> Kuring nitenan iber dina tipi, sarua geuning masalahna mah dina kertas
> sora. Komoning nu geus karolot, kuring ge manglieurkeun. Lieur nyontreng asa
> kaubaran basa nitenan Quick Count partey nu dicontreng ku kuring asup ka 10
> besar. Mun dipikir-pikir, ari ngan 10 partey nu perhitungkeun mah, cik atuh
> ka jurangan KPU tong loba-loba teuing nu diasupkeun kana kertas teh…
>
> Keur segut lalajo hasil sementara pemilu ti sababaraha lembaga survey,
> kring teh aya telepon ti adi kuring nu di Jawa Timur. Manehna keur patroli
> ka TPS-TPS, harita keur ngaso sakeudeung bari ngawas anak buahna, nya
> nelepon ka Bandung. Biasa, ngobrol sono jeung nu jadi indung. Jeung kuring
> ge ngaler ngidul ngomongkeun pemilu, hanjakal ngan sakeudeung. Manehna
> ngangluh pemilu ayeuna mah asa lieur ceunah, lapor ka komandanna dina berita
> acara ditulis : *Situasi Aman Terkendali dan Bingung*.
>
> ro2
>
> >>> [email protected] 04/13/09 11:44AM >>>
>  Beres nyontreng, kertas sora dilipet deui, terus dipariksa dibulak-balik,
> bisi ngalipetna tibalik. Cilaka lamun tibalik teh engke katempo kuring
> nyontreng tepi ka toblos. Beres teu kaciri. Geus kitu nuju ka kotak sora,
> kertas sora diasup-asupkeun kana kotakna. Memeh kaluar ti TPS curuk kuring
> dianclomkeun kana mangsi. Teu abral-obrol heula jeung tatangga, ah langsung
> we balik ka imah, leumpang ngagandeuang senang, bakating ku ngemplong
> saperti nu tas kaluar ti WC .....
>
> WALUYA
>  
>

Kirim email ke