Aya urang Irlandia, Joseph Dowse, warga Irlandia nu pamajikanana Lala, awewe kalahiran Azerbaijan ngadopsi orok ti Indonesia nu kakara umur 4 bulan. Orok ieu diaranan Tristan Dowse. Tapi sigana mah "Tuan" Dowse jeung pamajikanana bosen. 2 taun saentasna ngadopsi, budak teh dibalikkeun deui ka Indonesia, diasupkeun ka panti Asuhan. Kulantaran diadopsi, Orok ieu jadi warga nagara Irlandia. Gara-gara kalakuanana "mentelatarkan" budak, Joseph Dowse dihukum ku Nagara Irlandia, manehna kudu mere kompensasi ka budak ieu 22,000 euro (225 juta leuwih) jeung kudu ngabayuan hirup budak ieu unggal bulan 350 euro ( kurang leuwih 4 juta rupiah). Tristan Downse nu taun 2006 geus umur 4 taun, ayeuna hirup jeung indung pituinna di Indonesia. Jadi weh budak ieu, budak "beunghar" di Indonesia.
Manohara Odelia Pinot, saurang model Indonesia nu bapana urang Perancis dikawin ku anak Raja Kelantan Malaysia. Manohara nu waktu kawin umurna kakara 16 taun ayeuna siga di"sandera" ku kulawarga Karajaan Kelantan. Indungna di Indonesia tepika ngadu kaditu-kadieu, sabab teu bisa ngahubungi anakna, malah dicekal teu meunang asup ka Malaysia. Teu jelas naha Manohara teh hirupna bahagia didituna teh atawa katalangsara, nu jelas indungna ampir unggal poe nonghol di TV, ngangluh ku kalakuan pihak Karajaan Kelantan. Asa ku aneh, aya karajaan bet megatkeun silahturami indung jeung anak ditambah indung jeung anak ieu teh lain warga nagarana. Irlandia jeung Malaysia, eusina sarua manusa, tapi da meureun adatna beda. Nu hiji ngahargaan pisan ka manusa, sanajan ukur orok ti nagara miskin nu satengah dipiceun ku kolotna. Nu hiji deui deui ukur nganggap manusa sejen, pangpangna awewe, sarua jeung barang aksesori siga inten-berlian: Dipelong, diusap-usap, dipake ...geus kitu diasupkeun deui kana lomari! Baktosna, WALUYA

