pami saur abi mah nu bodo nya ieu mah.. sadayana teh da masalah materi jeung diskriminasi da, nya ayeuna kolot nu mana nu moal mikeun anakna dikawin ku anak raja atawa jelema kaya model syekh puji (syekh ceunah ceuk manehna sorangan eta mah), masalah aturan lah ceunah bisa dibeli najan tungtungna geuning rame, atuh ayeuna ceunah kaluargana leungiten tah eta diskrimnasi rasa aing anak raja getih biru sagala kahayang moal bisa di rumpak kajeun anak batur ti negara anu dianggap remeh ku manehna, heuha di kelantan mah nyaneh teh anak raja euy tapi di negara batur mah nya pengunjung atuh euy (naha jadi emosi yeuh..) tah jang conto kasus diskriminasi mah di Inggeris tuh, BBC pernah nayangkeun video pangeran Harry basa keur pendidikan militer tea geuning, nyebut "paki" ka babaturana nu turunan pakistan pan tungtungna menta maaf da enya salah, sok atuh pers indonesia parjuangkeun tah warga urang kitu mun budakna daek ketah...kanggo anak raja teu ieu mah nya mun bisaeun sunda sugan, "teu kenging ngarendahkeun nagara lain jang najan enya nagara anjeun leuwih makmur, puguh da anjeun mah jalmana saeutik, supados terang we jang teu saalit WNI nu janten tanaga ahli di luar nagri jeung di perusahaan bonafid tingkat dunia, antum mah geuning karak diperekpek ku barudak hacker indo ge kamari sudah hariweusweus jadi teu kenging kitu lah sanajan anjeun loba pakaya.... Cag ah sok terus ambek sayah mah he he... Baktos ka sadayana..
________________________________ From: H Surtiwa <[email protected]> To: [email protected] Sent: Thursday, April 30, 2009 11:23:45 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Beda Adat ... Ah sigana aya motif dibalik kajadian ieu...eta si tengku teh...tos seueur kaluar duit keur ngajadikeun Manohara pamajikanana. Eta pangaluaran teh pangpangna keur Daisy meuli aset2 di Indonesia..Dina rationale na rada aneh...kawin umur 15 taun dibikeun ( cobi emutan komentar Tika Bisono)..ieu masalah hiji rumah tangga..tapi pas aya masalah jeung kulawarga pangeran...ieu pasualan rumah tangga antar bangsa ..naha bet dibawa ka skala nagara...Keur media masa mah atuh bahan anu empuk keur nyieun carita....murah meriah.... On 4/30/09, waluya2006 <waluya2...@yahoo. co.id> wrote: > A Gunawan <rotan...@...> wrote: > "Itu pangeran Kelantan, bukan Pangeran Malaysia." Ieu mah lamun teu salah, Kelantan teh hiji nagara bagian di Malaysia dimana nu kawasa didinya lain partey pamarentah (UMNO) tapi PAS. Partey Islam nu ngoposisi ka partey Pamarentah UMNO. Di Kelantan nu dipake Syariah Islam nu leuwih "heuras" ti batan di nagara-nagara bagian sejenna. Kelantan oge kaasup negara bagian Malaysia paling teu maju. Ceuk cenah mah gara-garana Dr. M waktu jadi PM, rada nganak terekeun Kelantan sabab UMNO eleh terus didinya. Matak teu aneh, waktu dina acara wawancara TV, pihak ti Malaysia ngomongna cenah: Ieu Islam, pamajikan kudu nurut jeung ngilu ka salakina. Ngan hanjakal nu ngomong kitu teh poho, tapi ieu sakanyaho kuring, Islam ngawajibkeun silahturahmi ....komo ka indung/ mitoha mah, lain dimusuhan siga kitu! Baktosna, WALUYA

