enya diskriminasi atuh kang pami saur abi mah, cobi we pami eta istrina dan 
mitohanyah Aussie, Okkie, urang Texas Aggie, Coonez, Jap, Brits, Scotts, 
kemungkinan ageung moal beginih jadinyah, moal aya pencekalan jeung sajabana 
geura sok..





________________________________
From: H Surtiwa <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Friday, May 1, 2009 10:55:35 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Beda Adat ...





Diskriminasi naon nya ? Anu aya mah da arogansi panyekelan. teu meunang asup ka 
Malaysia ! Kunaon uang Pakistan embung disebut Pakie ? Pan etamah sebutan 
populer Australia-Aussie, urang Oklahoma -Okkie, urang Texas Aggie, urang 
Lousiana- Coonez, urang Indonesia Indie, urang Jepang Jap, uang Inggris Brits, 
urang Scotlandia Scotts, 


On 4/30/09, rudi rohan <uing...@yahoo. com> wrote: 



pami saur abi mah nu bodo nya ieu mah.. sadayana teh da masalah materi jeung
diskriminasi da, nya ayeuna kolot nu mana nu moal mikeun anakna dikawin ku anak
raja atawa jelema kaya model syekh puji (syekh ceunah ceuk manehna sorangan eta 
mah),
masalah aturan lah ceunah bisa dibeli najan tungtungna geuning rame, atuh 
ayeuna ceunah
kaluargana leungiten tah eta diskrimnasi rasa aing anak raja getih biru sagala 
kahayang
moal bisa di rumpak kajeun anak batur ti negara anu dianggap remeh ku manehna, 
heuha di kelantan mah nyaneh teh anak raja euy tapi di negara batur mah nya 
pengunjung atuh euy
(naha jadi emosi yeuh..) tah jang conto kasus diskriminasi mah di Inggeris tuh, 
BBC pernah nayangkeun
video pangeran Harry basa keur pendidikan militer tea geuning, nyebut "paki" ka 
babaturana nu turunan pakistan
pan tungtungna menta maaf da enya salah, sok atuh pers indonesia parjuangkeun 
tah warga urang kitu mun budakna
daek ketah...kanggo anak raja teu ieu mah nya mun bisaeun sunda sugan, "teu 
kenging ngarendahkeun nagara lain jang
najan enya nagara anjeun leuwih makmur, puguh da anjeun mah jalmana saeutik, 
supados terang we jang teu saalit 
WNI nu janten tanaga ahli di luar nagri jeung di perusahaan bonafid tingkat 
dunia, antum mah geuning karak diperekpek 
ku barudak hacker indo ge kamari sudah hariweusweus jadi teu kenging kitu lah 
sanajan anjeun loba pakaya....
Cag ah sok terus ambek sayah mah he he...
 
Baktos ka sadayana..




________________________________
From: H Surtiwa <surt...@gmail. com>
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Sent: Thursday, April 30, 2009 11:23:45 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Beda Adat ...


Ah sigana aya motif dibalik kajadian ieu...eta si tengku teh...tos seueur 
kaluar duit keur ngajadikeun Manohara pamajikanana. Eta pangaluaran teh 
pangpangna keur Daisy meuli aset2 di Indonesia..Dina rationale na rada 
aneh...kawin umur 15 taun dibikeun ( cobi emutan komentar Tika Bisono)..ieu 
masalah hiji rumah tangga..tapi pas aya masalah jeung kulawarga pangeran...ieu 
pasualan rumah tangga antar bangsa ..naha bet dibawa ka skala nagara...Keur 
media masa mah atuh bahan anu empuk keur nyieun carita....murah meriah....


On 4/30/09, waluya2006 <waluya2...@yahoo. co.id> wrote: 



> A Gunawan <rotan...@...> wrote:
> "Itu pangeran Kelantan, bukan Pangeran Malaysia."

Ieu mah lamun teu salah, Kelantan teh hiji nagara bagian di Malaysia dimana nu 
kawasa didinya lain partey pamarentah (UMNO) tapi PAS. Partey Islam nu 
ngoposisi ka partey Pamarentah UMNO. Di Kelantan nu dipake Syariah Islam nu 
leuwih "heuras" ti batan di nagara-nagara bagian sejenna. Kelantan oge kaasup 
negara bagian Malaysia paling teu maju. Ceuk cenah mah gara-garana Dr. M waktu 
jadi PM, rada nganak terekeun Kelantan sabab UMNO eleh terus didinya. 

Matak teu aneh, waktu dina acara wawancara TV, pihak ti Malaysia ngomongna 
cenah: Ieu Islam, pamajikan kudu nurut jeung ngilu ka salakina. Ngan hanjakal 
nu ngomong kitu teh poho, tapi ieu sakanyaho kuring, Islam ngawajibkeun 
silahturahmi ....komo ka indung/ mitoha mah, lain dimusuhan siga kitu!

Baktosna,
WALUYA 








      

Kirim email ke