Alhamdulillah....rada caang ayeunamah.. Tah kieu ari gaul jeung Inohong teh....aya wae bongbolongan... Mang Jamal, sigana rada pantes, jeung kacida atoheunana upama ku urang dianjangan ka Lembang... Kany Yatno teh.. imah na leutik... kamar 2x3, warung 2x3 Ruang tengah digeblangkeun teu make korsi...keur sakola-an...ngahiji jeung buku2na... Manehna belaan huap diduakeun keur penyelenggaraan ieu sakola... Sigana rada pantes mun bukuna dilengkepan ku urang...
Nuhun Mang Jamal Wass : mmt ----- Original Message ----- From: mangjamal To: [email protected] Sent: Monday, May 11, 2009 11:20 AM Subject: [Urang Sunda] Re: Pasamoan di Ua sas... nuhun kang UJK (urut jajaka kapaksa) haha. ieu mah babaledogan we nya. dupi perkawis paribasa eta, teu kedah hariwang ngalanggar papagon agama. diteuleumanana ulah jero teuing, bisi dikerelep. heuheu...oge asana mah basa teh lentur, jembar (bisa lega hartina). janten teu kedah ngartoskeun kecap eta ku harti langsung atawa dihartikeun ku cara basa umum ngahartikeun eta. . ***************************************** Sekarang Gratis Nelpon SLJJ Flexi diperluas ke Yogya *****************************************

