Pulitik Indonesia memang keur bulan alaeun malahan mah karasana teh saheng.
"Boediono" salah sahiji isu nu sababraha poe ieu jadi puseur perhatian sarerea.
Para politisi utamana nu rek "koalisi" jeung demokrat katinggali siga nu
hareudang malahan kang Fakhri urang "PKS" mah meni katinggali over acting
pisan,gogorowokan bari ambek-ambekan.Urang salaku rakyat letuik bati bisa
ngabandungan malahan mah sakapeung ngusap dada.Tapi teu kungsi lila kaayaan
jadi anti klimaks...duh ngajorowok teh geningan ngan saukur naekeun daya tawar
buktina mah serah bongkokan.
"Boediono" memang lain pulitisi sanajan pada ngekesek tetep kalem. Masyarakat
mah sigana teu hayang leuwih apal naon nu dimaksud neolib,antek imf
jrrd.Nupenting mah nagara aman,tengtrem,jeung raharja. Hiji palajaran keur
urang... kaasup palajaran keur para politisi... sigana mah kudu loba guguru ka
urang sunda. Urang Sunda mah pan nyepeng tetekon warisan karuhun cobi titenan
sababaraha paribasa/babasan ieu :
1. Mun rek nanaon "ulah getah sarupateun" bisi jadi matak
2. "Ulah agul kupayung butut" asa aing pangbisana/pangbenerna
3. "kudu landung kandungan laer aisan"
4. "Biwir teu diwengku letah teu tulangan" matak katingalina teh para pulitisi
urang babari pisan ngagul-ngagul diri sorangan,nyepelekeun ka batur.
"Boediono atawa saha wae keur urang sunda mah sigana kudu didukung salila
ngabogaan tekad rek nyait lemah cai.bral ah...