Anu gerah ku kapilihna Boediono ngan hiji golongan nyaeta "Elit Pulitik"..."Dinasti Partey"...Partey anu ngahak yen RI teh boga manehna...kudu turunan pamingpin partey samisal Soekarno - Megawati - Puan Maharani atawa Puti GS........leres..sanes "akar rumput". Tapi para "elit pulitik" teh getol pisan ngaracunan akar rumput ku slogan2 abstrak..neo lib tea..kurang Islami....jawa koek....jrrd..Naha euy ari urang2 (US) teu dianggap ku maraneh ? Henteu, cenah da maneh mah cicing2 wae.............
On 5/19/09, [email protected] <[email protected]> wrote: > > > > Pulitik Indonesia memang keur bulan alaeun malahan mah karasana teh saheng. > "Boediono" salah sahiji isu nu sababraha poe ieu jadi puseur perhatian > sarerea. Para politisi utamana nu rek "koalisi" jeung demokrat katinggali > siga nu hareudang malahan kang Fakhri urang "PKS" mah meni katinggali over > acting pisan,gogorowokan bari ambek-ambekan.Urang salaku rakyat letuik bati > bisa ngabandungan malahan mah sakapeung ngusap dada.Tapi teu kungsi lila > kaayaan jadi anti klimaks...duh ngajorowok teh geningan ngan saukur naekeun > daya tawar buktina mah serah bongkokan. > "Boediono" memang lain pulitisi sanajan pada ngekesek tetep kalem. > Masyarakat mah sigana teu hayang leuwih apal naon nu dimaksud neolib,antek > imf jrrd.Nupenting mah nagara aman,tengtrem,jeung raharja. Hiji palajaran > keur urang... kaasup palajaran keur para politisi... sigana mah kudu loba > guguru ka urang sunda. Urang Sunda mah pan nyepeng tetekon warisan karuhun > cobi titenan sababaraha paribasa/babasan ieu : > 1. Mun rek nanaon "ulah getah sarupateun" bisi jadi matak > 2. "Ulah agul kupayung butut" asa aing pangbisana/pangbenerna > 3. "kudu landung kandungan laer aisan" > 4. "Biwir teu diwengku letah teu tulangan" matak katingalina teh para > pulitisi urang babari pisan ngagul-ngagul diri sorangan,nyepelekeun ka > batur. > "Boediono atawa saha wae keur urang sunda mah sigana kudu didukung salila > ngabogaan tekad rek nyait lemah cai.bral ah... > > >

