Haturan Ki Leuksa, wiulujeng tepang sareng sim uing, ti pasisian Garut Kaler.
Asa teu kabayang ti anggalna, bakal tepung sareng tukang dongeng, najan ukur di dunya maya. Inget taun 80-an, ari ngabandungan dongeng teh, ngadon ngagimbung di pipireun imah tatangga. Ki Leuksa, jigana hade, upama tradisi ngadongeng di radio tiasa dikembangkeun di Internet. Kumaha carana? Jigana bisa rereongan jika kieu: Ki Leuksa nyusun naskah carita dongeng, kira-kira durasina 5-menitan; teras postingkeun ka milis; Saterusna Teh Roro sina macakeun dongengna, sarta direkam, husus sorana wae tong make dipirig musik; teras simpen file mp3-na di goah publik; terus kang Irfan, atawa saha wae nu tukang multimedia moles file mp3 dipirig ku musik, rekam hasilna postingkeun ngaliwatan podcasting. Mangga, wilujeng ngabaladah Dongeng Sunda ngarambah Internet. nuhun mh

